Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

86

Ngadjawab KIDANG LAMBATAN: „poegoeh NJAI DEWI ASRI,” barina dikaloearkeun tina kandoengan.

Ladjĕng dibawa koe ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG ka pakoelĕmanana, ngadoe karinding NJAI DEWI ASRI tjiptaän djeung ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, datang ka sare ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, disirĕp koe NJAI DEWI ASRI tjiptaän djeung KIDANG LAMBATAN di Paseban Bandoeng.

Ladjĕng NJAI DEWI ASRI tjiptaän ngagedogkeun andjeun ngadjadikeun deui MOENDING GEGER MALELA, toeloej ngiwat ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, disirĕp koe NJAI DEWI ASRI tjiptaän dibawa sarawoeh radja-bandana.

Ngalahir MOENDING GEGER MALELA ka KIDANG LAMBATAN noe keur sare di Paseban Bandoeng: „KIDANG LAMBATAN, kaoela malĕskeun djoerig pateuh, ari ajeuna mĕlang mah ka ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG soesoel baë ka Poelo Poetri.”

Ladjĕng moelih MOENDING GEGER MALELA.

Saĕnggeus soemping ka Poelo Poetri, matoer ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „njanggakeun ijeu ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, soegan rek dianggo bodjo, lamoen geulis anggo kakasih, goreng mah pikaheman baë.”

Ngalahir MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „soekoer pisan eukeur mah hojong rĕnoeng dahoewan rĕndang pawarang.”

Katjarioskeun KIDANG LAMBATAN tanghi bari ladjĕng ka pakoelĕman, njampak bĕrĕsih pisan ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG sarĕng radja-bandana. Ladjĕng bĕndoe bari koetoek gĕndĕng sĕrta ngalahir: „mana kitoe ge lain NJAI DEWI