Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

88

ASRI, MOENDING GEGER MALELA tajohna ngawoedjoek ngalĕbon baë.” Ladjĕng soesoel.

Soemping ka Poelo Poetri, di aloen-aloen nangtang pĕrang ka MOENDING GEGER MALELA.

Ditjarioskeun aja noe nangtang pĕrang di aloen-aloen, toeloej ditoeroenan koe NAGA BALI. Ladjĕng pĕrang, tapi teu pada eleh.

Ngalahir RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA ka ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG: „eta noe pĕrang saderek sampejan KIDANG LAMBATAN oepahan baë, pĕrang teu pada eleh.” Ladjĕng dioepahan: „kakang KIDANG LAMBATAN, oerang koemawoela baë da banda aja di dijeu, pĕrang teu pada eleh.” Ngadjawab KIDANG LAMBATAN: „ari kang raka ma koemaha rĕmpagna baë djeung kang raji.” Ladjĕng kĕrsaeun koemawoela ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA.

Ditjarioskeun djĕnĕnganana KOEDA WARINGIN ti mega malang njirĕp deui ka Poelo Poetri; kasirĕp sadajana ngan ponggawa MOENDING GEGER MALELA djeung MOENDING SANGKALA WISESA hĕnteu kasirĕp.

Ladjĕng naros MOENDING GEGER MALELA ka MOENDING SANGKALA WISESA: lamoen noe kijeu pĕtana gagara-gara aja noe dek boga karĕp maling. Ari djawab MOENDING SANGKALA WISESA: koemaha raka baë, sabab kaoela mah teu boga kawoelakeuneun.” Ladjĕng njipta MOENDING GEGER MALELA ngadjadikeun istri NJAI DEWI ASRI.

Katjarioskeun dongkap noe njirĕp ti mega malang noe djĕnĕnganana KOEDA WARINGIN ladjĕng asoep ka karaton RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA. Njaoer ka noe sare pokna: namboet toewang njai noe djĕnĕnganana DEWI ASRI, niroe geulis pawarang noe lĕndjang teja. Sĕdja diakeup