Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

90

sakeudeung lamoen geus rĕnoeng intjoe rĕndang pawarang meureun dipoelangkeun deui.”

Ladjĕng dikandoeng NJAI DEWI ASRI tjiptaiin, moelang ka nagaranna Koeta Waringin.

Ladjĕng njaoer saderekna: „pangakoekeun ijeu bebene, ngaranna NJAI DEWI ASRI.”

Ngawalon saderekna barina bĕndoe: „koemajoewa! sakitoe harĕloeng djangkoeng, boro djangkoeng koemis nanggoeng djogor-djogor kabobodo, pintĕr-pintĕr kabalingĕr, monjet kapalingan djagong, djaoeh-djaoeh ngandoeng moesoeh, anggang-anggang mawa lawan.”

Ngadjawab KOEDA WARINGIN: poegoeh, bebene geus kitoe. Toeloej dibawa ka pakoelĕmanana.

Katjarioskeun NJAI DEWI ASRI miwarang ka KIDANG LAMBATAN: „ajeuna moedoe ijang ka nagara Koeta Wari ngin, soesoel kakang MOENDING GEGER MALELA.”

Ladjĕng angkat KIDANG LAMBATAN ka nagara Koeta Waringin. Geus soemping, matoer ka KOEDA WARINGIN: „ajeuna nĕda maäp, nĕda halal, dek ngadengdon baraja ngaranna teja KOEDA WARINGIN.” Ngawangsoel KOEDA WARINGIN: „sampejan oerang mana, saha nja ngaran?” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: „ari kaoela nja nagara Koeta Lambaran. Noe matak datang ka nagara Koeta Waringin, ngadjak oeloen koemawoela ka Poelo Poetri, ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA.” Ngawangsoel KOEDA WARINGIN: „teu boga baraja; KIDANG LAMBATAN koemaha nja kabarajaän.” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: poegoeh baraja, nini silaing ana Iakian ka aki silaing, ana meunang anak, bapa silaing, ewean nja ka indoeng silaing ana meunang anak nja silaing”. Ngawangsoel KOEDA WARINGIN: „ĕnja baraja ana kitoe mah, djadi naon silaing nja kaboejoetan? Oerang mah laoek gagak-gagak boejoet, oraj paëh hoeloe lisoeng boejoet.” „Atoeh kaboejoetan