Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

92

sakitoe mah. Ari ajeuna dek naon silaing ka dijeu teh?” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: „dipiwarang koe ratoe baë, njoesoel sadoeloer MOENDING GEGER MALELA. Anoe dibawa teja tadi lain Nya Dew: Asei, MOENDING GEGER MALELA, djadi ajeuna oerang oeloen koemawoela baë boedal ka Poelo Poetri.”

Ari geus kitoe, ladjĕng baë boedal ka Poelo Poetri, KOEDA WARINGIN sarawoeh radja bandana.

Moelih ka Poelo Poetri.

Ti heula ditjarioskeun KIDANG LAMBATAN djeung KOEDA WARINGIN.

Ngalahir KOEDA WARINGIN: „ajeuna montong kapalang, oerang oeloen koemawoela dimana aja noe geulis adina gagah kakana, oerang tejang.”

Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: aja noe geulis adina gagah kakana di nagara Koeta Tambaga, doeloer oerang poepoeloengan ngaranna MOENDING LIMAN, ari doeloerna POERBA KĔMBANG.

Ladjĕng ditejang.

Katjarios geas soemping ka nagara Koeta Tambaga. Omong KIDANG LAMBATAN mamaäpan ka MOENDING LIMAN. Ngawangsoel MOENDING LIMAN: „sampean noe ti mana, saha nja ngaran, naon nja pisĕdjaeun?” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: ari kaoela teja nja nagara Koeta Lambaran, aja ngaran KIDANG LAMBATAN, ari ijeu doeloer KOEDA WARINGIN, nagara Koeta Waringin nja sĕdja ngadongdon baraja ngaranna MOENDING LIMAN nagarana Koeta Tambaga.

Ngawangsoel deui MOENDING LIMAN: „koemaha nja kabarajaän, kaoela mah teu boga baraja.” Ngawangsoel deui KIDANG LAMBATAN, ari nini silaing ana lakian ka aki silaing ana meunang anak bapa silaing ewean ka indoeng silaing