Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

94

meunang anak nja silaing. Djeung kaboejoetan njatoe laoek gagak-gagak djeung njatoe oraj paeh hoeloe lisoeng boejoet.”

Kadenge koe doeloerna noe awewe, ngaranna POERBA KĔMBANG, ngomong ka rakana: „ari kakang teh oelah kawoedjoek, kabeh oge boejoet ngalĕbon baë eta teh, kakang.”

Kadenge koe KOEDA WARINGIN djadi oerang oge baheula kalebon ana kitoe mah, foeloe} poendoeng KOEDA WARINGIN ka KIDANG LAMBATAN datang ka njaboet doehoeng sĕrta nĕwĕkan; teu teurak. Poendoeng KIDANG LAMBATAN datang ka diseundak dibĕnĕrkeun ka karaton.

Ngambĕk deui MOENDING LIMAN, dĕr deui pĕrang djadi tiloean. Datang ka aloen-aloen, diadoe koembangkeun koe KIDANG LAMBATAN datang ka paëh MOENDING LIMAN djeung KOEDA WARINGIN.

Tjeurik doeloerna POERBA KĔMBANG: „djadi ajeuna moedoe dihiroepan deui baë, oerang adjak oeloen koemawoela.” Toeloej dihiroepan doewanana ngomong doewanana doeloerna: „djadi ajeuna oerang oeloen koemawoela, oelah ngamoesoeh ka ratoe, oelah baha ka menak, ratoe mah tara moegoeran, menak mah tara ngarangrangan, noe wĕdoek reja di ratoe, noe bĕdas loba di menak. Ajeuna oerang boedal baë saradja bandana, orang oeloen koemawoela ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA ka Poelo Poetri.”

Saĕnggeus soemping, matoer KIDANG LAMBATAN ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA jen ijeu njanggakeun bojongan ti nagara Koeta Tambaga.

Ĕnggeus katarimakeun koe RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA, katjarioskean NJAI DEWI ASRI matoer ka ratoe PRABOE MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „koe naon noe matak boentoe njaoer pĕgat njabda atawa bĕndoe ka dahoewan atawa doeka ka pawarang?” Ngalahir ratoe: „lain doeka ka pawarang lain bĕndoe ka dahoewan, ari ajeuna moedoe dangdan, koedoe ijang ka paseban ka praboe, dipati lantjeuk sĕrta sadaja baë; ajeuna oerang boedal.” Ladjĕng ngawalon: