Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
98

Watĕs sajongjongan tuluy tanghi Gagak Semar Ariya Munding Daratan, ngagurinjal pĕrang deui jeung Munding Geger Malela jeung Munding Sangkala Wisesa. Teter Munding Geger Malela jeung Munding Sangkala Wisesa; disered datang ka laleuleus.

Katingali ku Nyai Dewi Asri nangis bari mundut tulung ka Munding Jaladri nu tapa di Buwana nyungcung. Kadangu ku Munding Jaladri, tuluy pundung Munding Jaladri, lajĕng turun ningali ka Munding Sangkala Wisesa jeung Munding Geger Malela. Tuluy ditewak Gagak Sĕmar Ariya Munding Daratan sĕrta didagor-dagorkeun. Ari geus kitu, lajĕng ditampiling datang ka paëh.

Ngalahir Munding Jaladri ka Nyai Dewi Asri sĕrta ngelehkeun(?) yen Gagak Sĕmar Ariya Munding Daratan geus paëh: "Ayeuna amit pulang ka patapaan."

Kacarios dahuwan Raden Munding Laya di Kusuma sĕrta sadayana jadi pamuk. Jĕnĕnganana Munding Geger Malela, Naga Bali, Naga Wayang, Tunjangan Sari, Kidang Lambatan, Munding Liman, Kuda Waringin, Munding Sangkala Wisesa.

Lajĕng budal ka nusa Bali.

Jĕnĕng ratu prabu nusa Bali, Raden Munding Laya di Kusuma eukeur meujeuh sukan-sukan gogoöngan; hejo lembok lambat(?).