Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
107

kadenheus kai lengser, miwarang njijar hondje ka nagara Koeta pandak, ka babakan Moewara beres. Dibahanan doewit dalapan kĕton meunang dalapan paseuk ti nagara Moewarat beres, ti Gĕgĕr Malela, poetra Rangga Malela, poepoetra Nji Gambir wangi, soewan Moending Pakoean.

Geus kitoe, lengser balik:

tĕrĕlĕng apĕng-apĕngan,
toempak koeda lalagaran,
sangawĕdi awi tali,
selana doelang sabeulah,
bawaning roesoeh koedana.
Seng toeloej bae ditoengtoen.
Ditoengtoen teu daek madjoe,
dilaänan kadalina,
digĕboegan tĕroes maboer.
Lengser koelon, koeda ngetan,
loempat ngadjindjing kadali,
dagal-digil, sangkal-singkil,
ditjawĕtna poeril njĕntil,
gĕdena sagĕde pĕndil,
Koneal toewang kagoengan,
sagĕde indoeng tontolang,
reudjeung sanglir toedjoeh likoer,
badjoe kikik badjoe sĕnting,
badjoe sĕnting koelit moending,
koelit moending toedjoeh lirang.
kadalapan lima beuheug,
oekoer mahi kana sĕnting,
ngadjĕpat kantjing wadjana,
sagĕde empak gĕdogan,
goerilap tjatoet salaki,
sami kampaän kapalang,
koreh koeping sami pingping,
ngadjĕntoel boengkoel iroengna,
sagĕde hoeloean pitjoeng,
ngagaplok soren bĕdogna