Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

123

kamana djalan ka tespong,
ka Bandoeng djalan ka Galoeh,
patjar tigoeling ka leuwi,
kikis ngĕlir ka basisir,
ki sampang si rantja galih,
toelang seel bĕbĕsaran,
kamana nja noeroet nepong,
indoeng bapa ĕnggeus djaoeh,
noeroet nepong ka gan mantri,
inggis koe sijeun dioesir,
rempan sijeun teu ditampa,
hanggasa bawa ti goenoeng,
dipipit bawa di rawa,
ka saha nja soemalindoeng,
nitipkean raga djeung njawa.

Ditoenda.

Tjarijos kawĕntarkeun, kabedjakeun, kasilimkeun, kaanginkeun ka nagara Koeta barang ka Goeroe Gantangan, ka dalĕm di Koeta barang Pĕrboe Radja nangkoda.

Kotjap boga koekoetan, sidji Soentĕn Djaja, doewa Dĕmang Rangga Kasontĕn, tiloe Arija Disontĕn, kaöpatna noe istri Dewi Ratna Kantjana.

Dĕmi tjeuk ramana: »eh Soentĕn, tjoba lamar deui Dewi Asri ka nagara Moewara beres, bedjana bobogohan ka Moending Laja, ajeuna geus paëh kasamboet goerijang toedjoeh, malak geus datang soeratna ka Padjadjaran, djeung dihiroepan oge ngarah naon lakian ka Moending Laja, kokoro njoso, mararat rosa, ipis doenja handap koeta, tjawĕt karo poeril, tjalana karo beutian, mĕnding ka Soentĕn Djaja lakian mah, noe loehoer koeta nja rosa oewang, djeung anak nangkoda sarta koekoetan menak Koeta barang.”

Gantjangna indit Soentĕn Djaja sadoeloer-doeloerna, ngaroengkoep koe tijoep, ngalengkah koe joeda ngarendeng koe kagĕdean, ngahina koe beubeureuh poetra ratoe waktoe angkat ka noe beunghar, sadjalan-djalan tjirigih katjida, sarta sagala ditadjong, anoe mojan bluk disepakan: