Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

130

barang, gawena djamĕdoed poendoeng, dipariksa koe ramana koekoetan, koe radja nangkoda teja: »eh Soentĕn, koemaha ngalamar teh asoep atawa hĕnteu?

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: »tjoemah ama, geus kahalang koe batjot oerang Padjadjaran, ari Dewi Asri teh daëkeun si daĕkeun djahat pamentana, diëtang bari moelang, ditoelis bari balik, koedoe roepa banda salawe kapal.”

Ari tjeuk ramana: »montong moendoer da oerang teh hanteu miskin, loehoer koeta gĕde doenja, rahajat nangkoda woengkoel, sadajana dek ngadjoeroeng, malah-malah oerang Padjadjaran oge teu akoer ka Moending Laja, akoerna ka oerang kabeh, soepaja Raden asoep ngalamar. Gantjangna njaoer ka Patih Halang barang:

gĕgĕdoeg di Koeta barang,
mantri noe hideung koelitna,
ponggawa bĕlang bajahna,
nja kitoe deui letahna,
awakna bĕlang sabeulah,
tjitjiren lalanang djagat,
lalakina kolong langit.
Gantjang ngadĕgkeun sembara,
nakol bĕnde kaboejoetan,
pĕntoelna sagĕde gardoeh,
disadana dĕg tjengengeng,
boeroeboel anoe koempoelan,
sadaja seba sewaän,
tjektjok menak noe ti koelon,
giringan Raden Kaliwon,
toetoenggangan moending dongkol,
moewatan djagong djeung ĕngkol,
morobot sowara pestol,
sora pelog djeung koromong,
tambah djeung sora biola,
kĕndangna tjatang kalapa,
ditoetoepan koelit domba,
dirarawat ki samodja,