Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/181

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

158

sakĕti, salaksa doeroewiksana, pamor togog ditjongona, sagĕde andjing ngadjogo. Ladjĕng kĕris ditĕwĕkeun ka Moending Sangkala, ditandean koe beuteungna, koelit beuteung ditĕwĕk teh kalah ngonjonjod, dingaranan bakal opak, konjonjod bagĕnjel. Tjeuk Soentĕn Djaja "tjadoek sija sato, soegan mah toedjoeh kakab."

Tjeuk Moending Sangkala: "soegan ijeu kana kongkolak panon." Kĕbat kĕris ditĕwĕkeun kana panon Moending Sangkala, kalah moelan panon simeuteun teu ngitjeup-ngitjeup atjan. Geus kitoe kĕris teh ditijoep ngoetjoer djadi banjoe, Moending Sangkala ngarontok dirangkĕpkeun tiloewanana. Soentĕn teh sadoeloer-doeloer toeloej baë gĕgĕroengan, bari taloek koemawoela, bari njanggakeun nagara sĕrta reudjeung eusina.

Den Laja teh soeka katjida.

Reja barang teu ngamodal,
loba sapi teu ngabiri,
moending teu njaho meulina,
sĕrta doeloerna dikawin,
ngaran Dewi Anta Kantjana,
djadi maroe Dewi Asri.

Djeung Den Laja diangkat Pĕrĕboe Anom.

Oeroet doeka toengtoeng soeka,
oeroet tjeurik toengtoeng seuri,
soeka ati garaita,
bari ngadĕgkeun tataloe,
ngagoeroeh tanpa roeroehan,
ngagĕdĕr tanpa wilangan,
wantoe-wantoe poetra ratoe.

Serta anjar panganten eukeur taja kasoesah saeutik, eukeur mandjoer gagah pamoek, hedjo lalakon rambaj tjarita, geulis adina bĕdas lantjeukna, moenggoeh dina tatangkalan mah hedjo daoen leubeut boewah, ngaraksoek di daoen ngora, andjing beureum saba leuweung, andjing bĕlang saba reuma, goeroedjag. Toenda sakeudeung.

—————