Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

36

Kang pinoerwaän[1] geureuha PRABOE SILIWANGI djĕnĕnganana PADMA wATI; apoepoetra djĕnĕnganana MOENDING LAJA DI KOESOEMA, PRABOE WIRA KANTJANA, MANTRI ANOM PADJADJARAN.

Ditjaritakeun kakasepanana ĕnggeus teu aja tandinganana. Sadajana prawestri pada kaäsmaran matak ginggeung sadadajeuh tina kaäloesanana. Waktoe harita joeswana toedjoeh wĕngi, dikĕrsakeun dibinasa koe kangdjĕng rama.

PRABOE SILIWANGI ngadawoehkeun ka iboena: "he, PADMA wATI, poetra andika moedoe dibinasakeun sĕrta pisahkeun djeung njawana."

Oendjoekan geureuha: "hatoer soemangga."

Ladjĕng dikĕrsakeun, daek dipaehan waktoe harita.

Keur aja linggih saderekna nja ijeu PADMA wATI, oewana MOENDING LAJA DI KOESOEMA noe djĕnĕnganana RADEN KIDANG PANANDJOENG sarĕng RADEN GĔLAP NJAWANG disoehoenkeun ka PADMA wATI sarĕng dirĕboet koe oewana: "eta mowal pihadeëun, hanteu pantĕs, iboe maehan poetra; langkoeng saë dipandjara baë."

Ladjĕng kapasihkeun sĕrta ladjĕng dipandjara koe oewana di hoeloe dajeuh.

Lami-lami, katjarioskeun, kangdjĕng rama PRABOE SILIWANGI ngimpen ningalan langlajangan Kantjana domas, sowarana aja di sadjabaning langit ari noe boga goerijang toedjoeh.

Ari geus kitoe, ladjĕng miwarang ka geureuha pawarang djĕnĕnganana NJAI RADEN MANTRI: „andika ajeuna moedoe

——————————

  1. Pinoerwaän is een denom pass van poerwa, dat echter buiten de taal van het heden ligt. Thans zegt men anoe di poerwa. Waar poerwa op den ... en nooit op de plaats slaat is kang pinoerwaän hier gebezigd ter aanduiding van een der in den tweeden regel genoemde doch niet nader aangednide vijf en zeventig .....