Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

38

ka lawang Balik salaka, ka NJAI PADMA WATI, toekang kĕtok Padjadjaran.”

Saĕnggeus dongkap ladjĕng NJAI RADEN MANTRI ngadawoehkeun timbalan kangdjĕng raka jen NJAI PADMA WATI moedoe ijang ajeuna ka Salaka domas, ka PRABOE GOEROE GANTANGAN mopojankeun impen kangdjĕng rama.

Ladjeng ijang NJAI PADMA WATI.

Geus pasondong djeung ratoe PRABOE GOEROE GANTANGAN, ladjĕng popojan, jen kangdjĕng rama ngimpen ningalan langlajangan Kantjana domas ajana di sadjabaning langit, ari noe boga goerijang toedjoeh. „Eta dawoehan kangdjĕng rama, koedoe dilajatan koe poepoetoe tigang atoes, soewan karo bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.”

„Eta dawoehan kangdjĕng rama geus ditimbalkeun koe kangdjĕng iboe!”

„Soemoehoen, geus kahartos, sĕrta tanwande ditimbalkeun pisan ka sadaja bala-rajat sakoemaha dawoehan kangdjĕng rama.”

Katjarioskeun ratoe PRABOE GOEROE GANTANGAN ngadawoehkeun ka papatih dalapan poeloeh: „ajeuna koedoe ngabĕnde ngoempoelkeun sadajana poepoetoe tigang atoes, soewan karo, bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.”Raka. oudere broeder, bezigt Njai Raden Mantri hier ter aandniding van haren echtgenoot, zoowel uit eerbied voor dezen als beleefdheidshalve tegen Padma Wati.