Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
42


tamboeh lakoe, lain leumpang saparan-paran. Sĕdja tambaän kasoesah, teu kasait koe diri, taja deui noe dibelaan, anak noe pinjaiteun iboe boga karĕrĕpĕt. Ari asalna, dipiwarang koe rama Praboe Siliwangi nejangan noe diimpikeun koe kangdjĕng rama langlajangan Kantjana domas, sowarana aja di sadjabaning langit ari noe boga goerijang toedjoeh. Koedoe koe dilajatan poepoetoe tigang atoes, soewan djeung iboe karo bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang. Tatapi sadajana teu aja anoe saranggoep, iboe pribadi koedoe ngalajatan. Oepami diri iboe hanteu sanggoep, meureun dibinasakeun sĕrta dipisahkeun djeung njawana iboe koe soenan rama Praboe Siliwangi. Ari ajeuna, doemeh dawoehan sakitoe, koe kang poetra dibelaän atawa hanteu, kasoesah iboe sakitoe.”

Oendjoekan kang poetra: "langkoeng wĕlas ka salira iboe doemeh kagoengan karĕrĕpĕt sakitoe banggana. Ajeuna kang poetra njoehoenkeun hibar sĕrta loeloes rahajoe manan iboe mah dibinasakeun koe kangdjĕng rama Praboe Siliwangi. Langkoeng sae diri kang poetra pribadi ngalampahkeun dawoehan kandjĕng rama tanwande leumpang saparan-paran. Ajeuna, iboe, oelah rĕdjag manah, kang poetra sipatna sĕdja ngabelaän kana karĕrĕpĕt iboe."

Ladjĕng Njai Padma Wati doemeuheus deui ka soenan Praboe Siliwangi ngoeninga jen dangĕt ajeuna aja noe sanggoep ngalajatan impen, poetra djĕnĕnganana Raden Moending Laja di Koesoema.

Ladjĕng kaget rama Praboe Siliwangi, sababna baheula ditimbalan koedoe dibinasakeun, ari ajeuna aja keneh.

Ladjĕng ngadawoehkeun ka rajina: "Njai Padma Wati eta Moending Laja di Koesoema titah ngalajatan, tapi moedoe dibahanan doehoeng Toelang tonggong Padjadjaran.