Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

44

Ladjĕng Njai Padma Wati njandak doehoeng Toelang tonggong Padjadjaran sĕrta kapasihkeun ka kang poetra.

Geus katampi doehoeng, ladjĕng ijang tiloean: Raden Moending Laja di Koesoema sarĕng oewana Raden Kidang Panandjoeng sĕrta Raden Gĕlap Njawang ka sadjabaning langit.

Sindang di Moewara heres ka Njai Dewi Asri poetra Rangga Poepoek Boenga Djaja, iboena Njai Gandir Wangi.

Ladjĕng Njai Dewi Asri naros ka Raden Moending Laja di Koesoema: »soemping ka dijeu dek ladjĕng kamana?”

Ngadjawab Raden Moending Laja di Koesoema jen ajeuna kakang manggoel oetoesan, ngĕmban piwarang soenan rama ngalajatan langlajangan Kantjana domas, sowarana di sadjabaning langit: »Noe matak teja mah ka dijeu saprakawis, doewa prakawis. Anoe saprakawis ngoeninga ka sĕpoeh-sĕpoeh sadaja, kadoewa prakawis sĕdja ka Njai Dewi Asri pisan.”

»Doemeh kang raka langkoeng-langkoeng ewĕd manah mikiran salira, kang raji manawi kadjeueungna, hanteu djodokeun, sĕdja raka bela pati. Noe matak ajeuna naroehkeun pati, ngĕmbankeun piwarang kangdjĕng rama ngalajatan langlajangan Kantjana domas, sowarana aja di sabaning langit ari noe boga goerijang toedjoeh; kalajan malih tandaning gĕgĕling manah jeu beulitan anggo. Kang rake anggoeun beulitan angkeng kang raji. Tatapi poma-poma pisan oelah aja noe oeninga kagoengan beulitan ijeu, sanadjan kang iboe, Njai Gandir Wangi, oelah dioeningaän; nanging ari kang raka mah Ratoe Malela di patapaän sae dioeningaän. Djeung kang raka hanteu ngaälingan kakĕrsa."