Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

46

„Saoepami rek tjarogean geura tjarogean, lamoen rek ngantos geura antos, ari kakang mah ngalampahkeun piwarangan tea beunang ditangtoekeun boelan tahoenna, karana koedoe boga kabeubeunangan.”

Ladjĕng ngawangsoel Njai Dewi Asri: „lamoen teu soemping raka Moending Laja di Koesoema ka Moewara beres geus mowal baë lakian.”

Ladjĕng angkat Raden Moending Laja di Koesoema ti Moewara beres.

Dongkap ka Poelo Poetri, kapĕndak sarĕng jaksa ngagadoeh eta Poelo Poetri, ari ngaranna eta jaksa Djonggrang Kala Pitoeng.

Ladjĕng pĕrang rame pisan. Meunang pĕrangna Raden Moending Laja di Koesoema; taloek eta jaksa, sarĕng njanggakeun diri. Sarawoeh njanggakeun djimat sĕrta ngoeningakeun djalana ka sadjabaning Langit.

Ladjĕng Moending Laja di Koesoema angkat njalira baë ka sadjabaning langit ari linggih oewana, Raden Kidang Panandjoeng djeung Raden Gelap Njawang ditilar di Poelo Poetri.

Teu lami Raden Moending Laja di Koesoema soemping ka sadjabaning langit. Ladjĕng kapĕndak sarĕng goerijang toedjoeh.

Dipoendoet langlajangan, hĕnteu disanggakeun. Ladjĕng dipĕrangan rosa pisan, meunang pĕrangna Raden Moending Laja di Koesoema, taloek eta goerijang toedjoeh, kantoen sidji, kabojong, ngaranna Moending Sang Kala Wisesa.