Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

48

Katjarios anoe djĕnĕngan di Padjadjaran Raden Djaka Mangoenlaja, Goeroe Adji Minadjaja, Praboe Sena Pakoean, Praboe Goeroe Gantangan miwarang ka geureuhana Nyai Ratoe Intan: „ajeuna andika moedoe ijang ka toeang raka, ka Praboe Malela di patapaän. Djadi ajeuna moedoe dangdan baë, oerang djĕngkar ka Moewara beres, oerang ngalamar Njai Dewi Asri; dek dirĕpokkeun ka Raden Soentĕn Djaja.”

Saënggeus nampi dawoehan, Njai Ratoe Intan djĕngkar ka rakana Praboe Malela di patapaän.

Barang soemping, dipariksa dibageäkeun: „naon nja pikĕrsaeun soemping ka dijeu?”

Oendjoekan kang raji: „noe matak doemeuheus ngĕmban piwarangan ratoe Praboe Goeroe Gantangan jen kang raka ajeuna moedoe sadija sĕrta bakal ditjandak ka Moewara beres sĕrta ajeuna oge kang raka moedoe doemeuheus ka ratoe.” Djawab Praboe Malela: „hatoer soemangga, ajeuna oge sĕdja doemeuheus.”

Ditjarioskeun Praboe Goeroe Gantangan ngadawoehkeun ka papatih dalapan poeloeh: „ajeuna moedoe ngoempoelkeun para-saderek ratoe, para-ponggawa sadajana pisan, dikĕrsakeun didjajak ka Moewara beres.”

Saĕnggeus nampi dawoehan, papatih dalapan poeloeh marentahkeun ngoempoelkeun bala-rajat sadajana pisan.

Hĕnteu lami koempoel sadajana pisan sĕrta oendjoekkeun ka Praboe Goeroe Gantangan.

Kawarnaha Praboe Goeroe Gantangan sarĕng geureuha Njai Ratoe Intan djĕngkar ti Salaka domas ka Moewara beres. Diiring koe para-saderek, para-ponggawa sĕrta sadajabala-rajat, sĕrta ngadjajak sagala harta bade noekoeh, bade djajakkeun geureuha taja pisan kakiranganana sĕrta sadija sagala parabot.