Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

52

moedoe daëk ditikahkeun ka Raden Soenten Djaja soegih moekti, beurat heunghar, loehoer Koeta, gĕde doenja, ewean toeroen bantajan.”[1]

Hatoeranana Njai Dewi Asri: „sakabeh-kabeh, njoehoenkeun agoeng pangapoentĕn, sadangĕt ajeuna teu sĕdja lakian.”

Ladjĕng iboena bĕndoe; datang ka dirangket Njai Dewi Asri koe iboena.

Ladjĕng Njai Dewi Asri angkat ka rakana noe keur tapa di hoeloe dajeuh djĕnĕnganana Ratoe Malela.

Kaget rakana ningali doemeuheus sĕrta bari nangis.

Ari dipariksa, tjatjarios jen dirangket koe soenan iboe. „Moedoe daĕk baë ditikahkeun ka Raden Soenten Djaja, kang raji-hanteu dak sĕrta ajeuna ratoe Praboe Goeroe Gantangann djeung geureuhana djeung Raden Soenten Djaja djeung ponggawa-ponggawa soemawonna bala-rajat ratoe geus koempoel di Moewara Beres.”

Ngalahir rakana: „koe sawab sakitoe kang raji, montong djadi kasoesahan sĕrta nalangsa kaliwat leuwih, ari ajeuna moedoe moelang deui baé Njai Dewi Asri ka Moewara Beres ka soenan iboe. Tatapi woeroek raka moedoe boga pepentaän ka Njai Ratoe Ratna lntan, papadjangan opat poeloeh leuwih hidji, papanggoengan opat poeloeh leuwih hidji. Reudjeung deui, di mana soemping Moending Laja di Koesoema isoek, sore nikah, soemping sore, isoek nikah djeung Moending Laja di Koesoema, hoewap lingkoeng djeung Moending Laja di Koesoema, toeroen hijas djeung Moending Laja di Koesoema. Sakitoe kitoe piwoeroek raka.”

——————————

  1. Stereotiepe poerwakanti om iemands grooten rijkdom aan te duiden. Woordelijk vertaald: rijk en in goeden doen, zwaar rijk, (als) hooge muren, (ter) groote (ders wereld, vrouwen trapsgewijs (in alle tappen van leeftijd bezittend).