Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

54

Ari geus diwoeroek koe kang raka, ladjĕng moelih Njai Dewi Asri ka Moewara beres, poepoendoetan ka iboena.

Ladjĕng iboena aja pamoendoet ka Njai Raden Ratoe Intan sĕrta ka Raden Soenten Djaja. Ana ngawalon Njai Raden Ratoe Intan sĕrta Raden Soenten Djaja: „soemangga.”

Raden Soenten Djaja ngoeninga ka Ratoe Praboe Goeroe Gantangan dawoehan Ratoe Praboe Goeroe Gantangan: „sabraha baë pepentaänana Njai Dewi Asri, sanggoepan baë.”

Katjarios Raden Moending Laja di Koesoema moelang ti sadjabaning langit.

Dongkap ka Poelo Poetri, njampeur linggih oewana, Raden Kidang Panandjoeng, Raden Gëlap Njawang.

Moelang ka Moewara beres kapĕndak sarĕng Njai Dewi Asri, mapagkeun lĕbah leuwi Sipatahoenan.

Ari geus amprok, Raden Moending Laja di Koesoema bĕndoe ka Njai Dewi Asri.

Naros Njai Dewi Asri ka Raden Moending Laja di Koeseoma: „koemaha sababna, ari soemping ladjĕng bĕndoe baë?” Ngadjawab: anoe matak bĕndoe teh da geus boga Soenten Djaja sĕrta ngalahirkeun Soenten Djaja mah loehoer koeta, gĕde doenja, ewean toeroen bantajan.

Ari gens kitoe, Njai Dewi Asri ngadjawab ka Raden Moending Laja di Koesoema: „kadjeun teuing loehoer koeta gĕde doenja oge, teu hajang ka Soenten Djaja. Moen teu soemping Raden Moending Laja di Koesoema mowal lakian. Kadjeun kontrong-kontrong, kadjeun landjang dojong-dojong kadjeun poelang ngalongkejang soepaja kasep tjaroge, kadjeun bingkoeng njoehoen gadoeng, kadjeun bongkok njoehoen onggok barina nangis ngoeroet-oeroet indoeng soekoe, mĕntjet-mĕntjet gĕnteng bitis, leuheung bisoel dina toeoer, beunang didjĕngkoel-djĕngkoelkeun, tibar dina pengpelangan beunang didengkak-dengkakkeun, teu batan kahajang lakina.”