Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

56

Sanggeus kitoe, njatjarekkeun, kijeu pokna ka Raden Moending Laja di Koesoema: behna mah:

Lalaki kĕmbang kamangi,
lalanang kĕmbang kawajang;
lalaki teu rnatak mahi,
lalanang teu matak hajang.
Mijoeni hajam kabiri,
ngeplek djawer ngandar djangdjang,
koemejok eleh koe bikang.
Moen di lĕmboer kajoe randoe,
moen di leuweung kajoe dangdeur.
Dipake soeloeh teu hoeroeng,
dipake pantjar teu roehaj,
dipake tiboel teu ngadjĕntoel.
Dipake pamikoel bĕngkoeng,
dipake pangĕrĕt bingkĕng,
dipake toelak lawang parĕnggang.
Teu matak roegoel soerawoeng,
teu mantak boengbang djararak,
teu mantak parendeh sereh,
teu mantak engkang ka tjai.
Lamoen noemboek dina kawoeng,
atah tinggoer koerang ajoen,
lamoen noemboek dina lahang,
atah poepoet koerang raroe,