Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

58

lamoen noemboek dina goela,
atah titir koerang goewis”.

„Dipisono njolowedor,” ngadjawab Raden Moending Laja di Koesoema, sĕrta reup beureum raj pijas pameunteuna, karana langkoeng-langkoeng nja adjrih sĕsĕmonan koe istri sakĕdap aja amarah.

Ari geus kitoe, ngalahir Raden Moending Laja di Koesoema ka Nyai Dewi Asri: „oepami kitoe mah nja pikĕrsaeun, sĕdja ngajoenkeun kana pikĕrsaeun, dagoan baë di Moewara beres.”

„Ari ajeuna mowal sindang ka Moewara beres karana dek njanggakeun langlajangan Kantjana domas ka goenoeng Goemoeroeh.”

Ladjĕng moelih Njai Dewi Asri ka Moewara beres.

Ditjarioskeun Raden Moending Laja di Koesoema geus soemping ka goenoeng Goemoeroeh nampi pariksaän ti soenan rama.

Praboe Siliwangi dawoehan: „koemaha prakara Ianglajangan Kantjana domas, kabawa ta hĕnteu?”

Oendjoekan Raden Moending Laja di Koesoema: „soemoehoen, kabantoen pisan sarĕng anoe gadoeh eta langlajangan; kabaktoskeun.”

Dawoehan soenan rama: „geus katarimakeun pisan sĕrta ijeu rama maparinkeun kĕris kasaktian. Ari ajeuna, Moending Laja di Koesoema, hade geura moelang deui baë ka Moewara beres toengtoengkeun lalakon ka Nyai Dewi Asri.”

„Sĕrta soenan rama ngelehkeun poepoetoe tigang ratoes, soenan karo bĕlah toenggal, tjarita titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.”

„Ari ajeuna, koemaha karĕp Moending Laja di Koesoema baë, taja goenoeng disingkoerkeun, taja lĕbak disingkahkeun ngan aja noe dititipkeun koe soenan rama Moending Sari