Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

62

Ditjarioskeun Raden Moending Laja di Koesoema ningali Njai Dewi Asri toeroen hijas ka aloen-aloen ladjĕng ka papanggoengan.

Ari geus kitoe, Raden Moending Laja di Koesoema ngiringkeun ka papanggoengan sarĕng Njai Dewi Asri; meunang toedjoeh powe, toedjoeh peuting di papangantenna.

Teu ditjarioskeun karasmianana.

Ditjarioskeun Nyai Raden Ratna Intan ngoeninga ka rakana Praboe Malela: aja noe dihijas lami-lami teuing.” Ngalahir Praboe Malela, ka papanggoengan ngangkĕran anoe dihijas. Eta piwarangan teu koengsi. Dongkap ka papanggoengan, karana langkoeng-langkoeng sijeun nendjo Moending Sangkala Wisesa ngatjatjang di handapeun papanggoengan sĕrta ngasta doehoeng beunang matĕk, langkoeng-langkoeng adjrih eta piwarangan moelang deui.

Katingali koe Njai Ratoe Intan piwarang moelang deui, ditjarioskeun, Njai Ratoe Intan koe andjeun ka papanggoengan mĕndakan keur sarare Ratoe Moending Laja di Koesoema sarĕng Njai Dewi Asri. Ladjĕng disĕla dina pakoelĕmanana koe Njai Ratoe Intan, datang ka taranghi. Ladjĕng sasaoeran Raden Moending Laja di Koesoema lahirna: „soegan teh lain atjeuk.” Ari ajeuna lahir Nyai Ratna Intan: „oelah kitoe kang raji, bisi doraka.”

Ladjĕng Njai Ratna Intan loengsoer tina papanggoengan sĕrta ladjĕng ngoeninga ka rakana, ka Praboe Goeroe Gantangan: „panoehoen kang raji, mangke sore langkoeng saë pesta sĕrta njalamĕtkeun nikah Soenten Djaja ka Njai Dewi Asri.”

Saĕnggeus kitoe, Praboe Goeroe Gantangan ngarĕmpagan sĕrta ngadawoehkeun ka sadaja para-ponggawa: „ajeuna koedoe sadija poma-poma, oelah aja kakirangan, sore mangke ngĕrsakeun pesta sĕrta njalamĕtkeun nikah Soenten Djaja ka Njai Dewi Asri.”