Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

64

Pada sakĕdapan lĕngkĕp sadawoehan dongkap kana waktoe pesta koempoel sadajana sĕrta panganten Soenten Djaja. Sarĕng Dewi Asri loengsoer toeroen hijas ajang-ajanggoeng djeung Raden Moending Laja di Koesoema, ditjalikeun kana medan sĕrta hoewap lingkoeng djeung Raden Moending Laja di Koesoema.

Katjarios Moending Sangkala Wisesa naros ka Ratoe Malela: „koemaha pepentaän Njai Dewi Asri, moega-moega ajeuna hajang diwĕdjang, soepaja kadangoe koe sadajana.” Djawabna Ratoe Malela: „pepentaän Njai Dewi Asri teh papadjangan opat poeloeh leuwih hidji, papanggoengan opat poeloeh leuwih hidji, keur papanggoengan djeung Raden Moending Laja di Koesoema, toeroen hijas djeung Raden Moending Laja di Koesoema, hoewap lingkoeng djeung Raden Moending Laja di Koesoema.”

Ari geus kitoe, Moending Sangkala Wisesa naros ka sadaja anoe linggih di medan: „eta pepentaän Njai Dewi Asri teh bĕnĕr atawa salah eta?” Sadajana noe linggih di medan taja noe ngadjawab. „Ari taja noe ngadjawab mah, panaros kaoela, eta pangrasa kaoela, nikah teh lain ka Soenten Djaja karana pepentaän Njai Dewi Asri papadjangan opat poeloeh leuwih hidji, papanggoengan opat poeloeh leuwih hidji keur papanggoengan djeung Moending Laja di Koesoema, toeroen hijas pahajeuk-hajeuk leungeun djeung Moending Laja di Koesoema, hoewap lingkoeng djeung Moending Laja di Koesoema, eta teu katjarios pisan Soenten Djaja hijas nikah ka Njai Dewi Asri.”

Ditjarijoskeun Praboe Goeroe Gantangan sĕrta Soenten Djaja, Praboe Malela langkoeng-langkoeng amarah.

Ladjĕng pĕrang di medan Raden Moending Laja di Koesoema, sarĕng Soenten Djaja, ditĕwĕk Soenten Djaja koe Raden Moending Laja di Koesoema, datang ka poepoes. Ladjĕng Raden Moending Laja di Koesoema ngandoeng Njai Dewi Asri barina pĕrang; mĕrangan poepoetoe tigang atoes, soewan karo bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe,