Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

66

ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh datang ka bejak, dipĕrangan koe Raden Moending Laja di Koesoema. Ngan dikarikeun gagaman sajoeta malang datang ka gagaberan panangan Raden Moending Laja di Koesoema koe gĕtih.

Ari geus kitoe bejak, moelang deui ka Poelo Poetri kadoewa Nyai Dewi Asri baë angkatna.

Katjarios doewa pamoek Raden Moending Laja di Koesoema djĕnĕnganana Moending Sangkala Wisesa djeung Moending Geger Malela keur ngamoek gagaman sajoeta malang.

Ditjarioskeun Njai Ratna Intan waktoe pepentaän maroeboes sarĕng poetra-poetrana.

Katjarioskeun Njai Ratna Intan moelih ti pamoeboesan noe ditjandak Moending Sani noe laleutik pameunteu beureum sabeulah djeung Maradja Mantri Soenda.

Saĕnggeus kapĕndak djeung Praboe Goeroe Gantangan, bĕndoe Njai Ratna intan sérta njatjarekkeun ka Praboe Goeroe Gantangan, saĕnggeus Raden Moending Laja di Koesoema pĕrang sĕrta bejak kabeh balad-baladna.

Njai Ratna Intan kataradjang nalangsa barina njanghoendjar lambar saoerna: „tjarek koering ti kamari, tjarek djompong ti bareto, idjab ti boelan katoekang. Sok njijeun gagat hariwajat, njijeun satroe djeung sadoeloer, njijeun bengkah djeung saderek, meunang tjadoe ti loeloehoer, meunang doraka ti wongatoewa, djadi lĕboer toetoempoeran, sĕrĕdan erep-erepan, lĕboer tjentang belejakan.”

Ditjarioskeun djawab Praboe Goeroe Gantangan ka Njai Ratna Intan: „Njai, oelah gedog pangkon rĕdjag manah sawab sakitoe! Njai, ajeuna moedoe ijang ka Sindang barang, ka Moending Pandji Bomalarang pangoeningakeun ka soenan oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng. Pangoeningakeun ka oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng nĕda ditoeloengan koe oewa, koedoe ka Moewara beres koe andjeun, ari ajeuna oerang Salaka domas geus bejak dipĕrangan.