Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

68

Ditjarioskeun Njai Ratna Intan ijang ka Sindang Barang ka Moending Pandji Bomalarang, kokolot Oewa Moeroegoel. Toeloej Njai Ratna Intan dipariksa koe Moending Pandji Bomalarang: „Njai, dek angkat kamana dek naon aja pisĕdjaeun?” Djawab Njai Ratna Intan: „noe matak djaoeh-djaoeh didjoegdjoeg, anggang ditejang manggoel pioetoesan ngĕmban piwarangan goesti goeroe sĕmbaheun Praboe Goeroe Gantangan. Ari ajeuna peupeudjeuh djeung oelah hanteu nĕda dipanggoegahkeun Oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng, nĕda ditoeloengan, koe oewa koedoe ka Moewara Beres, koedoe oewa koe andjeun, ari ajeuna oerang Salaka Domas geus bejak dipĕrangan, ari ngamoek teja Moending Sangkala Wisesa sarĕng Moending Geger Malela”.

Ngadjawab Moending Pandji Bomalarang: „soemangga, koedoe diantian baë koe Njai Ratna Intan.”

Ladjĕng Moending Pandji Bomalarang njandak gada wadja sagĕde gadjah biroewang. Ladjĕng diteunggeulkeun, datang ka sapoeloeh kali teu tanghi. Geus kitoe, ditewak boeloe borangna, dibeulitkeun kana dampal pananganana Moending Pandji Bomalarang djadi toedjoeh beulit bari ditintjak bintjoerangna.

Ladjĕng soenan oewa mariksa ka noe ngagoegahkeun, ka Moending Pandji Bomalarang: „dek naon nja pisĕdjaeun, mana ngagoegahkeun?” Ngadjawab Moending Pandji Bomalarang: „noe matak ngagoegahkeun kasoempingan Njai Ratna Intan.” Soenan oewa ngalahir: „sina ka dijeu baë Njai Ratna Intan.”

Ladjĕng moelang njaoer Njai Ratna Intan Moending Pandji Bomalarang, ngalahir ka Njai Ratna Intan: „Njai Ratna Intan, ajeuna disaoer koe soenan oewa ka patapaän.”

Ladjĕng angkat Njai Ratna Intan ka patapaän, ka soenan oewa.

Ladjĕng dipariksa koe soenan oewa: „ari ajeuna, Njai Ratna Intan dek ka mana djaoeh-djaoeh didjoegdjoeg, anggang ditejang?” Hatoeran Njai Ratna Intan: „noe matak djaoeh-djaoeh didjoegdjoeg, anggang ditejang, lain lantoeng tamboeh lakoe, lain lentang tanpa bedja. Ajeuna manggoel