Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

70

pioetoesan ngĕmban piwarangan Praboe Goeroe Gantangan peupeudjeuh djeung oelah hanteu sasahat djeung geuna-geuna. Ajeuna soenan oewa diloeloengsoer linggih ka Moewara Beres nĕda pitoeloeng, karana oerang Salaka Domas geus bejak dipĕrangan, ari noe ngamoek Moending Sangkala Wisesa sarĕng Moending Geger Malela.”

Ngadjawab soenan oewa: „ĕnja koe oewa ge kanjahoän, beunangna bongan njijeun gagat heriwajat, njijeun satroe djeung sadoeloer, njijeun bĕngkah djeung baraja, meunang tjadoe ti loeloehoer, meunang doraka ti wongatoewa. Ari ajeuna keukeuh peuteukeuh mah Njai Ratna Intan nĕda toeloeng ka oewa: hatoer soemangga. Ari ajeuna geura moelih bae Njai Ratna Intan hatoerkeun ka toewang raka ka Praboe Goeroe Gantangan hatoer soemangga pisan, soenan oewa meureun ijang ka Moewara Beres.”

Ladjĕng moelih Njai Ratna Intan.

Katjarioskeun Njai Ratna Intan matoer ka tjaroge ngoeningakeun soenan oewa hatoer soemangga tanwande doemeuheus ka Moewara Beres. Ngandika Praboe Goeroe Gantangan: „soekoer sarewoe, gĕrah salaksa.”

Ditjarioskean soenan oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng ngalahir ka Moending Pandji Bomalarang: „kadijeukeun papakean oewa, karana oewa rek ijang ka Moewara Beres. Kadijeukeun badjoe sĕnting koelit moending toedjoeh poeloeh lima ringrang djeung saboek kasang toedjoeh laboehan djeung doehoeng ĕloekna saloentjat kidang djeung topi beusi poerasani bobot karo bĕlah pikoel djeung parahoe beusi; oewa tara leumpang dina taneuh sijeun tjatjing. Reudjeung deui Moending Pandji Bomalarang, oewa koedoe ijang ka Moewara Beres.

Oendjoekan Raden Moending Pandji Bomalarang: „hatoer soemangga.”

Ari geus kitoe, Moending Pandji Bomalarang ngabeberkeun dampal leungeunna ditjabokkeun kana parahoe, toeloej ngapoeng soenan oewa djeung parahoena ngoengkoelan ka Moewara Beres.