Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/97

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

74

pisah, sĕrta toeloej maroelih soenan Oewa Moeroegoel djeung Batara Soembat ka patapaän; toeloej sarare deui.

Katjarios Praboe Goeroe Gantangan ngandika ka geureuhana Njai Ratna Intan: „hariroepan deui poepoetoe tigang atoes, soewan karo bĕlah toenggal, tjarita titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa dalapan laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.” Dipiwarang dihiroepan deui karana Moending Sangkala Wisesa djeung Moending Geger Malela geus ngapoeng ka mega malang.

Ladjĕng Njai Ratna Intan ngahiroepan Soenten Djaja, sarawoeh sadajana datang ka hariroep deui.

Saĕnggeus kitoe, ladjĕng boedal moelih ka Salaka Domas; tĕtĕp deui di Salaka Domas sadajana.

Ditjarioskeun Raden Moending Laja di Koesoema ngarsakeun mabakan di Poelo Poetri sĕrta mingkin tjahjana. Djadi sahidji mamanahanana sarĕng istrina Njai Dewi Asri, hĕnteu anggang sadjeungkal, hĕnteu djaoeh satoendjoek; djadi sahidji himi-himi saringkang rerendengan bawaning leuwih koe rasmi.

Katjarioskeun djĕnĕnganana Toendjangan Sari noe manggoeng laoetan dina parahoe beusi Tjaroek wadja, menak robek hatena bĕlang bajahna, sĕdja rek ngiwat Njai Dewi Asri.

Ari ajeuna kasampak di Poelo Poetri Njai Dewi Asri djeung Moending Laja di Koesoema.

Naros Toendjangan Sari ka Raden Moending Laja di Koesoema: „adjĕngan noe ti mana mabakan di Poelo———————————

{{smaller|

3.

{{center block|<poem>Tĕrpoetih si wilakang kan(?)