Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94

Kami jeu Pangeran, Allah maneh, anoe ngaloewarkeun maneh ti tanah Měsir, ti imah koemawoela,

I.

Maneh oelah boga aällahan di pajoeneun kami.

II.

Maneh oelah ngagambarkeun atawa ngaroepakeun naon bae noe aja di loehoer, di langit, atawa noe aja di handap, di boemi, kitoe deui noe aja dina tjai-tjai anoe sahandapeun boemi. Poma-poma noe kitoe koe maneh oelah disembah sarta oelah dibakti; karana kami, Pangeran, Allah maneh, nja Allah anoe goemati, anoe manggihkeun kasalahan bapa-bapa dina anak-anakna, kana toeroenan katiloe djeung kaopat, sakoer noe geuleuh ka kami; sarta midaměl kaasihan ka reboe-reboe, sakoer noe njaäh ka kami sarta ngestoekeun timbalan kami.

III.

Maneh oelah njeboet kana djěněngan Pangeran, Allah maneh, dipake teu poegoeh; karana Pangeran moal hanteu njiksa ka noe ngalala worakeun kana djěněnganana.

IV.

Masing inget kana poë sabat; eta koedoe disoetjikeun koe maneh. Koedoe baranggawe gěněp poë lilana, ngalampahkeun sakabeh pagawean maneh; ari poë noe katoedjoeh nja eta sabat Pangeran, Allah maneh; didinja maneh oelah ngalampahkeun pagawean naon naon; kitoe deui anak maneh lalaki, atawa anak maneh awewe, badega maneh lalaki, atawa badega maneh awewe, djeung deui sato-sato maneh, atawa semah anoe dina lawang maneh. Karana di djěro gěněp poë lilana Pangeran ngadaměl langit djeung boemi, Jaoet djeung sakabeh eusi-eusina, toeloej liren dina poë noe katoedjoeh; kitoe noe matak poë sabat koe Pangeran diberkahan sarta disoetjikeun.

V.

Koedoe masing hormat ka bapa sarta ka indoeng, soepaja maneh dipandjungkeun nja oemoer dina tanah, anoe dipaparinkeun ka maneh koe Pangeran, Allah maneh.