Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
105
0: 23); 8. anoe djadi gantina uja eta sato, kana eta dosana geus ditanggoengkeun. Oerang Israil, ari mawa pikoerbaueun, toeloej eta koe djinisna dipaehan; getih koerban toeloej ditandeau koe pangboeloe. Koe audjeunna gètih beunang nandean teja sawareh dikepretkeun kana tandoek aliar, sawareh ditoempahkeun kana soekoe altar teja. Koe djalan kitoe anoe mawa koerban diberesihkeun tins dosa, tegesna dosana dihampoera. Daging koerbau toeloej didoeroek, nandakeun ari djalma ne geus meunang hampoera dosa, moedoe ngahatoerkeun ka Allah sakabehna anggahotana djeung sakabehna kakoewatanana. Eta koerban moedoe ditambahan koe koerban kadabaran, nandakeun ari lampah soetji teh koedoe koe pitoeloeng Roh Soetji (anoe dioepamakeun koe miujak), bari aja paněda saendeng-endeng (anoe dtoepamakeun koe doepa), sarta koedoe dibarengan koe panggawe noe harade (noe dioepamakeun koe roti djeung tjiauggoer). Geus kitoe anoe mawa koerban sarawoeh djeung pangboeloe-panghoeloe koempoel, dalahar laoek koerbau, nandakeun ari djalma dosa koe Allah ditjandak deni kana katoenggalanana, koe djalan dibèněrkeun djeung disoetjikeun.
Katerangan 2. Ari saestoe-estoena mah moestahil teuing gětih sapi lalaki djeung badot matak ngeuweuhkenn dosa (Ibr. 104). Pangmoestahilna, sabab sato noe dipake koerban, moal djadi koerban koe andou soeka, djeung deui sato lain tatandingan manoesa. Nadjan kitoe mah koe Allah ongkoh ditimbalkeun kijeu (9 Moesa 17: 11); Njawana daging ajana dina gètih, sarta gétik koe kami dipaparinkeun ka maraneh dina altar, baris matak ngarapihkeun njawa maraneh; karana nja getih noe matak ngarapihkeun tina lantaran njawa. Tetapi anoe matak koerban sato aja matihna baris ngarapihkeun njawa djalma, lain koe sorangan, ngan orokaja djadi kalangkung koerban Kristoes. Kristoes dipastenkeun koe sih koernija Allah ngoerbankeun sarana koe andjeun, djadi koerban sampoerna, djeung koerban langgeng, anoe langkoeng kawasa ngarapihkeun njawa djalma sađaja, anoe geus goemèlar di doenya baheula, ance goemělar di doenya ajeuna, anoe bakal goemélar di doenya mengke.

2. Koe Pangeran dikersakeun aja opat roepa koerban. Lamoen aja djalma ngarěmpak kana timbalan Pangeran hanteu djeung hadja, koe karna salah paham, koe karana lampah djot borosot, ari geus kitoe ingět kana dosana noe geus dipilampah ka Pangeran, toeloej koe eta dihatoerkeun koerban kasalahan atawa koerban dosa, baris ngaleungitkeun kasalahan teja. Koe dosa anoe kitoe manehna geus ka loewar tina