Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
138

ngabantoe njabět ka oerang Gibon. Seug karoempoel eta lima radja, sarta marawa sakabeh wadya-baladna; toeloej pada masang grahan deukeut Gibon. Geus kitoe oerang Gibon ngadjoeroengkeun ka Josoea, oendjoekan kijeu: „Abdi gamparan moegi oelah ditjoelkeun koe panangan gamparan; moegi sing enggal linggih ka abdi, sarěng abdi teh moegi dipitoeloeng.” Ari Josoea ngadak-ngadak nga boeroedoeg ka moesoeh-moesoeh teh. Sarta koe Pangeran digoedjroedkeun di hareupeun Israil. Mangsa keur kalaboer, goer Pangeran ti langit ngaragragkeun batoe galėde ka darinja; hos paraeh; loba noe paraeh koe batoe hoedjan boewah, ti batan noe dipareuntjit koe oerang Israil koe pédang. Waktoe eta Josoea oen djoekan ka Pangeran, kasaksian koe oerang Israil: „Eh, panon poë ! geura tjitjing lěbah Gibon; sarta boelan geura ngaranděg lebah lebak Ajalon!” Dig panon-poë ngaranděg di tengah langit, hanteu gantjang soeroep, kira sapoë djępoet, tépi ka djalma-djalma geus malës ka moesoehna. Ka toekang ka hareup taja poë sapérti eta, hal Pangeran ngamakboel ka paněda djalma; karana Pangeran noe mangměrangkeun Israil. — Ari koe Josoea disabětanana satanah eta kabeh; nja eta pigoenoengan djeung tanah kidoel, djeung tanah handap, sarta lamping-lamping, katoet sakabeh radja -radjana; taja pisan noe dikarikeun; ari sakoer noe aja amběkanana diharamkeun, sakoemaha timbalan Pangeran teja. Tidinja (těgěsna ari sakidoelna Kanaän geus taloek) Josoea moelih ka pasanggrahan di Gilgal, diiring koe sabangsa Israil.

3. Ari geus kitoe, mangsa Jabin, radja Hasor, ngadenge bedja, toeloej ngoetoesan ka sagala radja anoe tjaritjing di kaler. Tidinja eta teh pada boedal, mawa sakabehna wadya baladna, djalma mangpirang-pirang, sarta koeda djeung kareta loba katjida; seug masanggrahan sarerejana deukeut tjai Merom, sědja měrangan ka Israil. Toeloej koe Pangeran pada diseleh keun ka leungeun Ísrail; seug ditěmpoeh, taja noe dikarikeun, sarta tanahna dibeunangkeun. Toeloej Josoea liren měrangan. Djoemblahna 31 radja noe koe oerang Israil disabět koe pědang, sarta tanahna dibeunangkeun.