Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
145

§ 55. Abimelek djeung Jeptah.

(Para Hakim 9-12.)

1. Gidion kagoengan poetra, ngaran Abimelek, noe iboena oerang Sěkem. Ari Gidion geus poepoes, koe eta diboeroehan djalma teu poegoch nja mokahaän; seg pada noeroet ka manehanana. Toeloej leumpang ka boemi ramana di Opra, pek meuntjit saderekna; ngan kari Jotam, poetra Gidion noe boengsoe; karana njoempoet. Tidinja Abimelek koe priboemi Sěkem didjijeun radja. Aja noo ngoeninga ka Jotam; bral angkat, toeloej ngadóg di poentjak goenoeng Gerisim, sarta ngagěro, bědas pisan sowarana, kijeu sacerna ka darinja: "Eh priboemi Sekem! geura darengekeun ka kaoela, sarta Allah moegi ngadangoekeun ka maraneh. Hidji mangsa tatangkalan laleumpang, sedja ngaminjakan anoe baris ngaradjaän ka maranehanana. Pok ngaromong ka tangkal djetoen: „Moegi ngaradjaän ka koela sakabeh. Ngadjawab tangkal djetoen teh: Naha koela rek ninggalkeun minjak koela, bari toeloej leumpang kokolejangan di loehoereun tatangkalan?” Pok tatangkalan ngaromong ka tangkal kondang: „Tjik, maneh geura ngaradjaän ka koela sakabeh." Ngadjawab tangkal kondang teh: „Naha koela rek ninggalkeun kaämisan koela djeung boewah koela noe ngeunah, bari toeloej leumpang kokolejangan di loehoereun tatangkalan?" Pok tatangkalan ugaromong ka tangkal anggoer: „Tjik, maneh geura ngaradjaän ka koela sakabeh.” Ngadjawab tangkal anggoer teh: „Naha koela rek ninggalkeun anggoer koela, bari toeloej leumpang kokolejangan di loehoereun tatangkalan ?” Seug sakabeh tatangkalan ngaromong ka ki tjoetjoek: „Hajoe, maneh bae ngaradjaän ka koela sakabeh.” Ngadjawab ki tjoetjoek teh ka tatangkalan: Oepama sajaktina maraneh ngaminjakan ka koela, soepaja ngaradjain ka maraneh, hijap pada njalindoeng ka hijeum kaoela; sabalikna oepama hanteu mah, mangke bidjil seuneu ti ki tjoetjoek, ngalěboer sakabeh ki poetri goenoeng Libanon.” Ari ajeuna, oepama sajaktina sarta satěměnna lampah maraneh

10