Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/176

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
170

pah naon? Naon kadorakaän abdi? Sareng naon dosa abdi ka pajoeneun rama andjeun, noe matak mandang ka pati abdi?” Misaoer Jonatan: „Akang rek ngadongdon, rama kěrsa hade atawa goreng ka Dawoed. Ari dina poë noe katiloe koedoe ka dijeu, njoempoet di těgal. Tidinja akang arek měsatkeun tiloe djamparing. kawas akang ngadjodjo kana tětěngěr. Masing njaho, akang rek nitah ka boedak kijeu: „Geura bral, tejang djamparing! Oepama akang ka boedak ngomong kijeu: „Toeh, djamparing teh ti lebah maneh ka-dijeukeun, tjokot: moen kitoe geura soemping; karana tanda salamět ka raji. Sabalikna, oepama akang ka boedak teh ngomong kijeu: Toeh, djamparing teh ti lebah maneh ka-ditoekeun: moen kitoe mah geura angkat; karana tanda raji koe Pangeran dipiwarang mijang. Ari moenggoeh pěrkara noe dipisaoer koe oerang, masing eling, Pangeran aja di antara akang djeung raji salalanggéngna.” Děmi geus pananggalan, gek radja tjalik majoenan kadaharan, kërsa toewang, tatapi nggon Dawoed kosong. Ngalahir Saoel ka Jonatan: „Koe naon anak Isai teu datang ngarijoeng dahar?” Ari Jonatan mangnědakeun ditjoekoep-loemoer bae ka Dawoed. Toeloej Saoel djadi běndoe ka Jonatan, sarta dilahiran kijeu: „Eh, anak awewe noe bengkok-baha! aing geus njaho teh teuing, jen eta anak Isai koe maneh dipilih baris pikaeraeun maneh. Karana sapandjang eta anak Isai hiroep di boemi, maneh djeung karadjaän maneh moal ditětěpkeun. Ari ajeuna, geura nitah ala, sina dibawa ka aing, karana pasti dipaehan eta teh.” Ngawangsoel Jonatan: „Koe naon noe mawi kědah dipaehan? Eta teh milampah naon?” Toeloej Saoel ngalémpagkeun toembak ka Jonatan, dek dipaehan; noe matak kaoeninga koe Jonatan, jen geus pasti lebah ramana kérsa maehan ka Dawoed. Bral Jonatan ka loewar ka těgal, měněran waktoe noe ditangtoekeun ka Dawoed, sarta měsatkeun djamparing hidji. Pok Jonatan ngagěro ti toekangeun boedak, noe nejangan djamparing teh, saoerna: „Djamparing teh lain ti lěbah maneh ka-ditoekeun? Seg-eg sing gantjang, oelah ngarandég!” Top koe boedak Jonatan eta djamparing dipoeloeng,