Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/187

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
181

Pihatoer Natan ka Dawoed: „Sawangsoelna dosa andjeun koe Pangeran geus dileungitkeun; andjeun moal koengsi poepoes. Nanging, sarehing andjeun djadi sabab moesoeh Pangeran pada ngagogoreng tina lampah kitoe, noe mawi eta poetra, noe koe Batseba anjar diowokeun, tanwande paeh. Tidinja eta orok pajah pisan, seug paeh. Sanggeus kitoe Batseba ngowokeun deui hidji poetra paměgět, sarta koe Dawoed didjěněnganan Soeleman. Ari eta teh dipikaäsih koe Pangeran; sarta Pangeran miwarang nabi Natan, ngěmban timbalan, djěněnganana dilandi Jědidya (těgěsna Kakasih Pangeran).

3. Samantas Dawoed disoempingan nabi Natan, pěrkawis dosana teja, koe andjeunna didaměl Djaboer 51, anoe kijeu oenina: „Moegi aja sih-koernija ka koering, noen Allah! noemoetkeun kaäsihan andjeun; moegi ngaleungitkeun kamasijatan koering, noemoetkeun kagèdean kawělasan andjeun! Moegi koering haben dikosok, dileungitkeun kadorakaän koering; nja moegi koering diběrěsihan, dieuweuhkeun dosa koering. Sabab koering geus roemasa kamasijatan koering, sareng dosa koering ngagelar di hareupeun koering teu pētot-pelot.....Salěrěsna koering didjoeroekeun teh mawa kadorakaän, sareng koering direuneuhkeun koe indoeng teh mawa dosa....Moegi meungpeunan pameunteu andjeun kana dosa-dosa koering, sareng moegi leungitkeun sadajana kadorakaän koering. Moegi di djero koering djadikeun hate běrěsih, noen Allah! sareng moegi nganjarkeun roh pageuh sadjero awak koering. Moegi koering oelah dipitjeun ti pajoeneun andjeun, sareng Roh andjeun noe soetji moegi oelah ditjandak ti koering.”


§ 68. Absalom djeung Seba.

(2 Sam. 13-20.)

1. Pangandika Allah, jen bakal datang katjilakaän ka Dawoed ti bangsana sorangan, tereh boekti. Karana poetra Dawoed anoe ngaran Absalom maehan saderekna anoe ngaran Amnon. Noe matak kitoe, sabab Amnon geus maksa ka saderekna noe istri,