Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/189

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
183


2. Hol aja noe ngoeninga ka Dawoed, pioendjoekna: „Noen, hate oerang Israil noeroet ka Absalom.” Toeloej Dawoed nimbalan ka sakabeh abdi-abdina: „Geura darangdan, hajoe oerang ngalolos, karana moal aja noe pirahajoeëun ti Absalom.” Tidinja radja meuntas tji Kidron, nandjak dina tandjakan goenoeng Djetoen, nandjakna bari nangis, sarta mastakana ditjindoeng, djeung angkatna teu taroempah-taroempah atjan; kitoe deui sakabeh djalma noe ngiring, pada ditjindoeng sirahna sarta tjeurik. Barang Dawoed geus rada madjeng, hol hidji djalma, kaäsoep bangsa ahli Saoel, ari ngaranna Simi. Eta měntoeran koe batoe ka Dawoed, bari njapa, kijeu pokna: „Eh toekang ngoetjoerkeun gětih, djalma bangkawarah, geura djor, geura los! Sakabeh gětih bangsa Saoel koe Pangeran dibalikkeun ka maneh. Tah, maneh teh tjilaka, sabab maneh toekang ngoetjoerkeun gětih.” Pok Abisai, saderek Joab, oendjoekan ka radja: „Keur naon eta andjing paeh dek njapa ka goesti sang radja? Abdi něda idin, dek nilas hoeloena.” Děmi lahiran radja: „Keun bae njapa oge, da manehanana ditimbalan koe Pangeran: Geura njapa ka Dawoed.”

Dawoed keur leutik manah, sabab aja boedirasa tina dosana. Kitoe noe matak teu kérsaeun njiksa ka Simi. Sanadjan kitoe Simi migawe dosa gede, sabab njapa ka lisahan Pangeran, sarta lila-lila manehna keuna pisan siksaän.

3. Děmi Absalom djeung sakabeh djalma-djalma, oerang Israil, daratang ka Jēroesalem. Tidinja Ahitopel mihatoer ka Absalom: „Manawi roedjoek, simkoering rek milih 12,000 djalma, sědja dangdan, ladjěng ngoedag, njoesoel Dawoed, ĕngke peuting; koe simkoering dek didatangan meungpeung andjeunna tjape sarěng ngeplek leungeun.” Ari pihatoer noe bijeu teh piběněreun koe pangrasa Absalom. Geus kitoe Absalom njaoer: „Geura tjeloekan deui Hoesai, oerang dengekeun omong eta deui.” Ari pihatoer Hoesai ka Absalom teh: „Andjeun langkoeng oeninga ka rama andjeun sarěng ka djalma-djalmana, estoe sadajana djalma prawira; malah rama andjeun pradjoerit, moal koelēm