Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/223

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
217

§ 79. Nabi Hosea, Joël, Amos djeung
Obadya.

1. Kira-kira 800 taoen samemeh Kristoes diowokeun, keur mangsa Oesia djoeměněng radja Joeda sarta Jarobam II djoeměněng radja Israil, pangandiks Allah dioewarkeun ka oerang Israil koe nabi Hosea, Joël, Amos, Obadya, Joenoes, Mika djeung Jõsaja, Oerang Israil koe eta dipapatahan sina ngestoekeun Toret langeran; siksaan anoe měngke keuna ka Israil djeung Joeda koe arandjeanna dipaparin njaho ti heula; djeung deui sakoer anoe ibadah ka Pangeran dililipoer lantaran piwědjang moenggoeh pisoempingeunana Poetra Dawoed anoe agoeng, nja Djoeroe-salamět doenya. Djeung deui soepaja eta piwědjang pimangpaäteun keur sagala djaman anoe mangke, pikeun mageuhkeun kapěrtjajaän sarta pikeun něrangkeun djalan Pangeran, reja piwědjang koe para nabi dilahirkeun koe biwir ongkoh sarta ditjatět dina kertas ongkoh. Tina piwědjang sagala nabi, rasoel Petroes ngalahir kijeu: „Piwědjang nabi teh taja pisan noe bidjil ti karop djalma, estoona mah dilahirkeunana koe piwarangan Allah noe saroetji, kasoeroeng koe Rob Soetji (2 Petr. 1:21).

2. Dina pasal 3: 4 dj. 5, nabi Hosea miwědjang bangsa Israil bakal dipitjeun koe Pangeran, tatapi dina ahir djaman tangtoe ditarima deui. Kijeu saoerna: „Oerang Israil lila katjida nja pingarenggoneun teu radja, teu kapala, teu koerban, teu tihang brahala, teu epod djeung teu tapekong. Sanggeusna kitoe oerang Israil tangtoe tarobat, bari narejangan Pangeran Allahna, djeung ka Dawoed radjana; sarta tangtoe pada moeroe djeung sarijeuneunana ka Pangeran, sarta ka kamoerahanana, dina ahir djaman." Nabi Joël ngoewarkeun pertobat mangsa hama simeut noe rosa katjida sarta miwědjang dikoetjoerkeunana Roh Soetji, nja kijeu (pasal 2: 28): „Sanggeusna ti dinja, kami bakal ngoetjoerkeun Roh kami ka sakabeh daging; ari anak maraneh lalaki-awewe bakal ngawědjang.” Nabi Amos, hidji pangangon