Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/234

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
228

„Ari djalma bener mah pihiroepeunana koe kapěrtjajaän.” (Tendjokeun Roem 1:17.) Sěpanya miwědjang Jěroesalem gan. tjang rek dihoekoem koe Allah. Djeung deui moenggoeh djaman Djoeroe-salamět kijeu piwoeroekna (pasal 3: 9): „Didinja biwir bangsa-bangsa koe kami tangtoe disalin koe biwir běrěsih, soepaja pada sasamhat kabeh kana djěněngan Pangeran, soepaja pada koemawoela ka andjeunna toenggal sataktak.” Jěrmia didjěněngkeun nabi keur ngora keneh, mangaa Josia djoeměněng radja. Pioendjoekna ka Pangeran: „Noen Goesti Pangeran! saleresna simkoering hanteu bisa sasaoeran, karantën simkoering ngora keneh.” Děmi timbalan Pangeran kaandjeunna: „Oelah maneh ngomong jen: simkoering teh ngora; karana ka mana bae maneh koe kami dipiwarang, maneh koedoe leumpang; sarta naon bae noe koe kami ka maneh ditimbalkeun, koe maneh koedoe diomongkeun. Masing nganjahokeun, kami geus ngajakeun pangandika kami dina biwir maneh. Mangka ingět, maneh poë jeu koe kami geus didjěněngkeun njëkěl bangsa-bangsa djeung njekel karadjaän-karadjaän, baris ngaraboet djeung baris ngababoet, kitoe deui baris ngagèmpoer sarta baris noempoer, baris ngadegkeun djeung baris mělak.”

2. Pandeurieun Josia aja deui radja-radja noe marigawe anoe goreng di pajoeneun Pangeran, soepaja para gegeden, djeung para panghoeloe, sarta sabangsa Joeda beuki tambah bae kagorenganana. Kitoe noe matak Jěrmia ngoewarkeun, Joeda koe Pangeran bakal diselehkeun ka leungeun oerang Kaşdim, toeloej koe eta dibarojong ka Baboel. Tapi euweuh noe pěrtjaja ka pangandikana. Malah-malah kitab piwědjang beunang ngarang koe Jěrmia, koe radja dipotong koe peso, bari dipitjeun kana seuneu. Toeloej koe andjeunna dikarang kitab sedjen, oengělna loba piwoeroek batan noe tadi. Jěrmia koe oerang Joeda diteungteuinganan teu eureun-eareun. Hidji mangsa digoebroeskeun ka soemoer noe taja tjai, ngan leutak bae. Tatapi aja Ebed Melek, oerang Haběsi, noe djadi ponggawa radja, eta mangnědakeun Jěrmia ka radja; toeloej dihandjatkeun