Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/236

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
230

dikarikeun, kadjaba djalma eusi tanah noe mariskin. Ari Sidkia, mamang Jojakin, koe radja Baboel didjěněngkeun radja, ngaganti Jojakin.

2. Ari Sidkia teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran; Barta mangsa kasalapan taoenna andjeunna djoeměněng radja, seug moengkir ka radja Baboel, sanadjan koe nabi Jěrmia diwoeroek koedoe ngawoela ka andjeunna. Děmi geus kitoe Něboekadnesar soemping deui, sarta Jěroesalem koe andjeunna dilingkoengan katiloe kalina, datang ka bangět nja patjěklik di djěro nagara. Toeloej nagara teh bědah, sarta sakabeh pradjoerit ngalolos ti penting, sanggeus dikepoengan doewa taoen lilana. Pek Sidkia ditangkěp koe oerang Kasdim, bari seug dideuheuskeun ka radja Baboel; toeloej andjeunna dihoekoeman. Ari poetra Sidkia Loe paměgět dipareuntjit di pajoeneun sotjana; seg sotja Sidkia dilolongkeun, djeung salirana dirante tambaga, bari andjeunna toeloej dibawa ka Baboel. Toeloej gědong Pangeran, djeung gědong radja, sarta sakabeh imah noe di Jéroesalem dihoeroean koe seuneu. Ari koeta Jéroesalem sakoeriling dibongkar. Djeung deui sesa djalma dibojong ka Baboel. Tatapi eusi tanah noe miskin mah ditinggalkeun sawareh, baris ngěbon anggoer djeung milampah tani. Ari noe doewa pilar tambaga, noe di gědong Pangeran, sarta sakabeh parabot tambaga, kitoe deui sagala barang ěmas djeung perak, dibawa ka Baboel ka gědong aallahan. Demi moenggoeh djalma-djalma noe kari di tanah Joeda, koe Něboekadnesar didjěněngkeun Gědalja, djadi goepěrnoer. Eta tjalik di nagara Míspa.

3. Mangsa Jeroesalem dikepoeng, nabi Jěrmia aja di pandjara, noeroetkeun timbalan Sidkia. Ari moenggoeh andjeunna radja Baboel nimbalan, oelah dipilampah kijeu-kijeu noe goreng; moen hajangeun tětěp di tanah Joeda, sing tětěp. Kitoe noe matak tjalikna di Gědalja. Koe andjeunna didaměl „Njanjian Nalangsa”, koe tina sabab Jeroesalem dibongkar. Kijeu mimitina Njanjian teh: „Amboe-amboe, sakitoe dijoekna tjoenggělik eta nagara, noe tadina soegih djalma! Eta noe tadina gede di