Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
27


bangsa gede nja rosa, toer di djěro manehanana sakabehna bangsa di boemi bakal pada kaběrkahan. Karana Ibrahim koe kami geus dipioeninga, soepaja manehanana paparentah ka anak-anakna, sina pada ngestoekeun djalan Pangeran, ngalampahkeun kaběněran djeung kaädilan.” Nimbalan deui Pangeran: „Djědjěritan Sadoemoe djeung Gomora nja rosa pisan, sarta dosana nja banget katjida.” Seug eta djalma noe doewa pada malik ti dinja, ladjĕng angkatna ka Sadoemoe; děmi Ibrahim masih keneh nangtoeng di pajoeneun Pangeran. Ser Ibrahim marěk, sarta oendjoekan kijeu: „Noen koemaha, djalma noe běněr koe andjeun bade ditoempoer oge sinarengan noe doraka? Manawi aja lima poeloeh djalma noe běněr di djero eta nagara. Koemaha enggon teh moal dihampoera tina sabab eta lima poeloeh djalma noe balěněr teja?” Děmi timbalan Pangeran: „Oepama kami di Sadoemoe, di djero nagara, manggih lima poeloeh djalma noe běněr, tangtoe saenggon kabeh koe kami dihampoera koe karana eta.” Ngawangsoel Ibrahim, kijeu wangsoelanana: „Noen, simkoering koemapoeroen oendjoekan ka Goesti, sanadjan simkoering teh sipat taneuh sareng lěboe bae. Manawi kana lima poeloeh djalma noe běněr kirang lima: koemaba andjeun bade ngaroeksakkeun sanagara kabeh tina sabab anoe lima?" Děmi timbalanana: „Moal diroeksak, lamoen kami di dinja manggih opat poeloeh lima.” Seug Ibrahim oendjoekan deui ka andjeunna, kijeu pioendjoekna: „Manawi di dinja kapěndak opat poeloeh." Děmi timbalanana: Moal koe kami didaměl koe karana noe opat poeloeh. Pioendjoekna deui: „Moegi-moegi Goesti oelah běndoe, rehing simkoering oendjoekan deui: manawi di dinja kapěndak tiloe poeloeh.” Děmi timbalanana: ,Moal koe kami didaměl, oepama kami di dinja manggih tiloe poeloeh.” Pioendjoekna deui: „Noen, simkoering koemapoeroen oendjoekan deui ka Goesti: manawi di dinja kapěndak doewa poeloeh.” Děmi timbalanana: „Moal koe kami diroeksak koe karana noe doewa poeloeh.” Pioendjoekna deui: Moegi-moegi Goesti oelah běndoe, rehing simkoering oendjoekan sakali deui bae: manawi di dinja kapěndak sapoeloeh.” Děmi timbalanana