Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48


kabidjilan panon-poë; sarta andjeunna djingkloek koe hal poehoe pingpingna teja.

Ari djalma anoe ngagéloet djeung Jakoeb, nja eta Malaikat Pangeran. Tina hal eta geus dilahir koe nabi Hosea kijeu: „Jakoeb teh taroeng Malaikat sarta dongkap ka meunang; andjeunna nangis bari noenoehoen ka Allah.” (Hosea 12: 4,5). Dongkap ka waktoe harita sakalakoeanana ngan bohong djeung tipoedaja. Koe tina sabab eta Goesti Allah soemping, kěrsa ngarendahkeun Jakoeb, ngapěskeun tanagana. Sanggeus Jakoeb něněda bari nangis, djeung njoehoenkeun berkah Allah, eta Jakoeb meunang berkah, ngaganti siksaàn. Mantas tobat Jakoeb teh teu meunang bae ngaran anjar, meunang deui hate anjar. Tanagana kalahiran geus apěs, nja kitoe pegat kapěrtjajaānana kana tanagana pribadi. Ti watěs harita Jakoeb teh geus teu aja kasijeun koe Esaoe, sabab nganděl ka Allah. Ti watěs harita Jakoeb teh moedoe ngalakonan djalan sangsara dongkap ka toengtoeng hiroepna.

2. Tidinja Jakoeb tjĕngkat sotjana sarta ningali, beh Esaoe soemping, diiring koe 400 djalma. Gantjang madjěng, broek soedjoed ka taneuh toedjoeh kali, dongkap ka těpoeng djeung saderekna. Goera-giroe Esaoe njampeurkeun ka Jakoeb, gabroeg ngarontok, ngarangkoel kana těnggěkna, bari ditjijoeman; sarta pada nangis. Toeloej Jakoeb misaoer: „Oepami simkoering měndak koernija dina sotja akang, moegi-moegi pangabakti simkoering ditampi ti leungeun simkoering.” Ari Jakoeb ngeukeuhan ka Esaoe, toeloej ditampa. Děmi Jakoeb ladjěng ka Soekot, seug ngagaleuh saloewoek těgal, enggon andjeunna masangkeun himahna, toeloej ngadegkeun hidji altar di dinja. Tidinja Allah nimbalan ka Jakoeb: „Geura dangdan, koedoe indit ka Bet-El, djeung koedoe njijeun hidji altar di dinja pikeun Allah, anoe nembongan ka maneh basa maneh kaboer bawaning sijeun koe Esaoe.” Seug eta koe Jakoeb dilampahkeun. Sanggeus kitoe dongkapna ka Ishak ramana, di Mamre. Děmi oemoer Ishak 180 taoen, tidinja dongkap ka poepoet njawana, toeloej poepoes, dirijoengkeun ka bangsana; sěpoeh, toer wareg nja oemoer. Toeloej dikoerébkeun koe poetrana, koe Esaoe djeung Jakoeb teja.