Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57


keur mangsa marék di pajoeneun Piraon 30 taoen. Tidinja Joesoep ka loewar ti pajoeneun Piraon, ngadjadjah satanah Mesir. Toeloej ngoempoelkeun sakabeh kahasilan eta noe toedjoeh taoen, noempoekkeun gandoem teu kira-kira lobana, saperti keusik noe di laoet. Geus kitoe, ari geus datang patjěklik di satanah Měsír, seg djalma-djalma pada sasambat ka Piraon, njoehoenkeun tědaeun. Děmi timbalan Piraon ka sakabeh oerang Měsir: „Geura laleumpang ka Joesoep; naon bae parentah Joesoep ka maraneh, koedoe lalampahkeun.” Djeung deui ti sakabeh tanah pada datang ka Mesir, ngadareuheusan ka Joesoep, meuli gandoem; karana patjeklik teh rosa pisan di sakabeh tanah. Ari Joesoep meunang doewa poetra lalaki, anoe dingaranan Menase djeung Epraim.


§ 22. Saderek-saderek Joesoep angkat ka Měsir kahidji kalina.

(1 Moesa 42.)

1. Ari patjèklik teh kitoe deui di tanah Kanaän. Děmi Jakoeb geus waspaoseun, jen di Měsir aja gandoem, pok ngalahir ka poetra-poetrana: „Geura arijang ka dinja; koedoe meuli gandoem ka dinja pikeun oerang, soepaja oerang hiroep, oelah datang ka paeh.” Ari Binyamin, raji Joesoep teja, koe Jakoeb hanteu dipiwarang djeung saderek-saderekna; karana lahiranana: „Bisi manggih koemaonam.” Toeloej poetra Israil darongkap, sědja meuli gandoem, ngadareuheusan ka Joesoep; seg saroedjoed ka andjeunna, njoeöeh kana taneuh. Ana Joesoep ningali saderek-saderekna, teu panglingeun, tatapi poera-poera teu oeninga, sarta misaoerna bengis ka darinja, kijeu lahiranana: „Maraneh datang ti mana?” Pioendjoekna: „Soemoehoen, ti tanah Kanaän, soemědja ngadoewit gandoem baris tědaeun.” Děmi eta mah geus pada pangling. Ras Joesoep elingeun ka impianana, pěrkara ngimpikeun maranehanana teja. Pok ngalahir deui ka darinja: „Maraneh teh djalma noe lolongok; pangdatang maraneh hajang nendjo lébah mana tanah jeu ngaboeliklak.” Ari pioendjoekna ka andjeunna: „Lain kítoe, goesti; abdi gamparan estoe