Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
2


sing koempoel kana sahidji ěnggon, sarta sing katembong toehoerna. Nja kitoe djadina. Ari toehoerna teja koe Allah dingaranan Darat, sarta pakoempoelan tjai teja koe andjeunna dingaranan Laoetan. Ladjěng Allah ningali eta hade. Tidinja Allah nimbalan: Daratan sing ngabidjilkeun sisikian, kitoe deui tatangkalan noe boewahan, anoe baroewahan saädat-saädatna, anoe sarikian di djěrona dina daratan. Nja kitoe djadina. Ladjěng Allah ningali eta hade. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe katiloe.

Tidinja Allah nimbalan: Sing aja damar-damar dina pipinding langit teja, pikeun misahkeun antara beurang djeung peuting, kitoe deui soepaja djaradi kana tanda, kana mangsa, kana poë djeung kana taoen. Ari Allah ngadaměl eta doewa damar anoe galěde; nja eta damar anoe gěde, eukeur marentahan kana beurang, sarta damar noe rada leutik, eukeur marentahan kana peuting: kitoe deui ngadaměl bentang-bentang. Ladjeng Allah ningali eta hade. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe kaopat.

Tidinja Allah nimbalan: Tjai-tjai sing parinoeh koe noe tinglalenghoj, bangsa noe njawaän hiroep, sarta sing aja manoek-manoek haliběr di loehoereun boemi, di sahandapeun pipinding langit. Seug Allah ngadjadikeun barahala tjai noe galěde, djeung sakabeh bae bangsa noe njawaän hiroep, anoe koemělip, sakoer noe tinglalenghoj di djěro tjai saädat-saädatna, kitoe deui saroepaning manoek, bangsa djangdjangan saädat-saädatna. Ladjēng Allah ningali eta hade. Geus kitoe eta sakabehna koe Allah diběrkahan, kijeu timbalanana: Maraneh sing pada baranahan djeung sing pada ngarékahan. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe kalima.

Tidinja Allah nimbalan: Daratan sing ngabidjilkeun bangsa noe njawaän hiroep saädat-saädatna, nja eta bangsa tjoöeun, djeung noe tingkarajap, sarta djeung sato darat saädat-saädatna. Njakitoe djadina. Ladjěng Allah ningali eta hade. — Tidinja Allah nimbalan: Hajoe, oerang ngadamel manoesa, make kanjataän oerang, koemaha tjara roepa oerang; sarta sina pada poerba ka