Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88


ka eta djalma-djalma; pok njalaoer: Naha oerang wet milampah kitoe, ngidinan Israil leumpang, ka loewar tina koemawoela ka oerang? Geuning eta kapaidér dina tanah, kakoeroeng koe těgal lega!” Gantjang Piraon miwarang masang karetana, sarta njandak balana, ngaroedag ka darinja. Teu lila kasoesoel, keur masanggrahan di sisi laoet. Ari oerang Israil narendjo eta, toeloej sarijeuneun katjida. Pok marioendjoek ka Moesa: „Naha karah geus taja geusan koeboeran di Mesir, anoe matak koering sadaja koe andjeun dítjandak, soepaja paeh di těgal léga? Naha andjeun midaměl kitoe ka koering sadaja?” Děmi lahiran Moesa: „Montong sarijeun-sijeun; masing pada těger, sarta sing pada awas ka pitoeloeng Pangeran, anoe koe andjeunna poë jeu bakal didaměl ka maraneh. Pangeran anoe bakal mangměrangkeun maraneh, ari diri maraneh tjaritjing bae.” Seug djěngkar Malaikat Allah, anoe angkat ti heulaeun wadya-balad Israil, ngalih ka toekangeunana; kitoe deui tihang mega teja. Ari datangna kana antara wadya-balad oerang Mesir djeung wadya-balad Israil. Geus kitoe eta mega poëk ongkoh (ka těbeh oerang Měsir), sarta njaängan kana peuting ongkoh (ka ěbeh Israil), anoe matak hanteu deukeut noe hidji ka noe hidji deui, sapeuting djepoet.

5. Pek Moesa noeroetkeun timbalan Allah njodorkeun pananganana ka loehoereun laoet; seug laoet teh koe Pangeran disina mijak, koe lantaran angin gěde ti wetan, sapeuting djěpoet; djadi laoet teh disina saät, tjaina dibeulah. Toeloej oerang Israil arasoep, něroes laoet, njorang noe toehoer; ari tjai teh ka maranehanana minangka tembok kentja-katoehoeëunana. Ari Pangeran ngaheuraskeun hate oerang Měsir; heug arasoep, njoesoel ka oerang Israil; sakabeh koeda Piraon, karetana (600) djeung noe taroempakna arasoep ka tengah laoet. Děmi geus kitoe, waktoe ronda soeboeh, Pangeran ningali ka wadya-balad oerang Mesir, ti djero tihang seuneu djeung mega teja, sarta ngagoedjroedkeun wadya-balad oerang Mesir. Pok ngaromong: „Hajoe oerang kaboer,