Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92

goenoeng Allah. Toeloej Moesa naek, ngadeuheusan ka Allah. Geus kitoe Pangeran ngandika ka andjeunna: „Maneh koedoe mopojan ka anak-intjoe Jakoeb, kijeu: Maraneh geus pada nendjo anoe koe kami didaměl ka oerang Měsir; ari diri maraneh koe kami ditjandak, ibarat dina djangdjang galoedra, didatangkeun ka kami. Ari ajeuna, oepama maraneh noeroet kana lahiran kami djeung saěnjana, sarta ngestoekeun pèrdjangdjian kami, seng maraneh djadi kagoengan kami, ingkar ti bangsa noe loba; karana saboemi kabeh nja anoe kami; toer maraneh ka kami pidjadieun karadjaän panghoeloe-panghoeloe, nja bangsa soetji.” (¹) Ana Moesa geus soemping deui, njaoer para kokolot djalma-djalma, bari toeloej dipopojanan eta sadajana pangandika noe tadi, anoe koe Pangeran ditimbalkeun ka andjeunna. Ngawangsoel sakabeh djalma-djalma sarta ragěm, kijeu wangsoelanana. „Sadajana noe diandikakeun koe Pangeran, koering pada sědja ngalampahkeun.”

(¹) Koe pilahir jeu diterangkeun babakoena bangsa Israil jenng babakoena Përdjangdjian heubeul. Bangsa Israil bakal djadi kagoengan Allah, ingkar ti bangsa noe loba; tégéana: Bangsa Israil djadi poetra Allah noe tjikal, nja eta bangsa anoe koe Allah dipilih pangheulana pisan, asoep kana kapoetraan Allah, ti sakabehna bangsa. Anoe djadi djadi tjikal moedoe oge djadi panghoeloe, koe tina sabab eta bangsa Israil djadi karadjaän panghoeloe, tëgĕsna poerah ngarawatan, poerah ngadjagaan djeung poerah ngoeroeskeun timbalan Allah pimangpaiteun bangsa-bangsa sadaja. Koe karaua bangsa Israil sakitoe pangujanerna, noe matak Israil teh diseboetkenn bangsa soetji; hartina jadi bangsa noe geus diingkarkeun tina bangsa anoe Joha, djeung dimoehnengkeun kana pagawean anoe soetji.

2. Timbalan Pangeran ka Moesa: „Maneh geura moelang ka eta djalma-djalma, seg koe maneh koedoe pada disoetjikeun poë jeu djeung isoekan, sarta sina njareuseuh papakeanana. Djeung sina pada sadija dina poë noe katiloe. Djeung deui djalma-djalma teh koe maneh koedoe diwatesan sakoerilingna, bari marentah kijeu: Mangka bade-hade maraneh, papatjoewan aroenggah ka goenoeng, nadjan njabak ka toengtoengna ge