Kaca:ULAH NYUTAT TINA WIKIPÉDIA! Pituduh singget keur Anjeun anu resep kana énsiklopédia panggedéna di dunya maya.pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Pangjajapᮕᮀᮏᮏᮕ᮪

Wikipédia diadegkeun ku Jimmy Wales dina taun 2001. Anu mimiti aya téh nyaéta Wikipédia basa Inggris. Ti harita Wikipédia ngalaman kamekaran anu kacida ngaronjatna nepi ka dijieun Wikipédia dina rupa-rupa basa sadunya, kaasup salah sahijina Wikipédia basa Indonésia dina taun 2003. Diadegkeunana Wikimedia Foundation taun 2003, beuki ngarojong kamekaran Wikipédia katut proyék-proyékna. Di Indonésia, Wikimedia Indonesia geus mitembeyan ngalaksanakeun proyék-proyék anu tujulna keur ngarojong kamekaran jeung ngaronjatkeun kualitas Wikipédia, boh anu patali jeung kontén atawa jumlah pamaké aktif anu nulis.

Salah sahiji program anu dilaksanakeun ku Wikimedia Indonesia téh nyaéta program WikiLatih anu geus lumangsung ti taun 2016. Program WikiLatih nyaéta hiji kagiatan latihan nulis jeung ngédit dina Wikipédia. Nyatana, sanggeus niténan lumangsungna program WikiLatih anu dilaksanakeun di sababaraha daérah, kalayan gawé bareng jeung rupa-rupa instansi, organisasi, komunitas, loba kénéh pasualan dasar jeung umum ngeunaan Wikipédia anu jadi kapanasaran balaréa, boh ti pamilon latihan boh anu ngokolakeun gawé bareng jeung Wikimedia Indonesia. Lian ti éta, rupa-rupa média sosial Wikimedia Indonesia kayaning Facebook, Instagram, Twitter ogé mindeng narima rupa-rupa kapanasaran balaréa anu mikabutuh jawaban merenah sagancangna.

Kapanasaran anu mindeng katangén téh nyaéta ngeunaan naon bédana Wikimédia jeung Wikipédia, bisa henteuna nyutat tina Wikipédia, kumaha cara nyutat informasi anu merenah tina Wikipédia, naon waé anu bisa ditulis dina Wikipédia, jeung kumaha cara mekarkeun Wikipédia dina basa daérah. Pasualan anu ditataan tadi téh jadi kawajiban organisasi anu ngokolakeun Wikipédia keur ngarahkeun jeung ngajawab nepi ka gemet sangkan teu jadi pasualan anu manjang.

ULAH NYUTAT TINA WIKIPÉDIA! Pituduh singget keur Anjeun anu resep kana énsiklopédia panggedéna di dunya maya téh wujud tarékah Tim Program Pendidikan Wikimedia Indonesia keur ngajawab pasualan jeung kapanasaran anu tadi geus didadarkeun.

Tim Program Pendidikan miharep tina ieu buku pituduh singget téh bisa ngajembaran pangaweruh dasar ngeunaan Wikipédia ka balaréa anu resep aktif ilubiung dina mekarkeun jeung ngokolakeun Wikipédia sacara global.

Jakarta, 16 Maret 2020
Tim Program Pendidikan
Wikimedia Indonesia