Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

82

Barang ti dinya budal ti Pajajaran, ku ratu dikĕrsakeun mapag sadayana.

Ari sumping ka watĕs, geus pasondong jeung nu dipapagkeun, lajĕng ka Pajajaran.

Kacarios Kuda Pati Langĕn Sari nyanggakeun saderekna Nyai Sumur Bandung sarĕng kairid ponggawa lima. Hiji Pati Gangsa Wayang, kadua Pati Rangga Wayang, katilu Gajah Hambalang, kaopat Badak Hambalang, kalima Gajah Waringin.

Geus katarima ku Ratu Pakuan, menak urang Pajajaran sarta lajĕng nikah Prabu Gantangan ka Nyai Sumur Bandung. Liwat langkung ramena teu kintĕn-kintĕn sarta tĕtĕp di Pajajaran jumĕnĕng ratu prabu.