Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Barang geus kitoe, ratoe noe ti heula toeloej sidakĕp sinoekoe toenggal, ngawatĕk adjianana bade ngĕrĕsakeun leungit tina pangtjalikanana; wantoening bisa, lĕs leungit tanpa lĕbih, ilang tanpa karana. Ari angkatna ka Goenoeng Padang, djadi pandita Adjar Soeka rĕsa.

Oerang toenda tjarios anoe keur tapa di Goenoeng Padang. Oerang njarioskeun ratoe anjar, nja eta Sang Mantri anom. Barang ningali jen praboe ratoe geus ngaleungit, geuat bae ngĕdjat kana korsi gading, linggih bari sasaoeran, pedah geus didjadikeun radja, njaoer ka Batara Lengser: "ai, batjot maneh, Lengser, sor ka dieu, masing deukeut, dioek sapangloenggoehan djeung aing. Ajeuna mah aing geus tjoendoek ka boekoening taoen, datang ka mangsaning boelan, nĕpi ka djangdji pasini, ka pasang soebaja, aing aja milik djadi radja, tatapi euweuh noe njaho kadjaba ti awak maneh, soemawon parabopati, sanadjan pawarang doea noe dititipkeun ka aing, eta hĕnteu njahoëun. Ari ajeuna eta pawarang raoeh maneh aing noe boga; ajeuna geura takol bĕnde lampoeng kaboejoetan, ajana di aloen-aloen, aing geura sembarakeun. Tapi poma, Lengser, oelah dibedjakeun ganti ratoe, bedjakeun ratoe teh anom deui bae kitoe ka patih, parabopati, ka djaksa reudjeung aria, ka mantri, parameswari."

"Noehoen satimbalan goesti."

Galantjang Lengser noe dangdan, njokot tjalana pokek, badjoe bĕkek tiloe kĕpek dipake kabeh, barina amit ka ratoe, ari pokna Ki Lengser, hatoeranana: "intjoe boeboe paranakan sair bintjang, abdi teh hatoer pamitan."

Enggalna Lengser teh loempat:
loempat sakaloempat-lampet,
tarik batan mimis bedil,
lĕpas batan koeda loempat,
ngadoedoed sarangka doehoeng,
liang iroeng mamaoengan,
boeah birit wani hapa,
balas kasepakan keuneung,
wani eor tjetjekolan,
ear moemoentjanganana,
nja kelek tatarompetan,
palangkakan tĕmtĕmbangan,
moenggah kontol heheotan,
lain lantoeng tamboeh lakoe,
lain lentang tanpa bedja,
manggoel pioetoesan ratoe,
ngĕmban piwarangan menak.

Datangna ka aloen-aloen handapeun tjaringin koeroeng, di dopang waringin soengsang, toeloej Lengser teh njokot panakol, sarta pek bĕnde teh ditakol; kotjapkeun sora goöngna ti gĕdena kaleutiknakeun: dĕg, tjinginging!

Geus kitoe, bĕt kadangoe koe saeusi nagara Galih Pakoean, toeloej ditongton koe patih, parabopati, koe djaksa reudjeung aria, koe raden, paragĕgĕden, koe mantri, parameswari, sakabeh geus darongkap.