Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
98
 

moerangkalih, sanggeus kapandjingan soekma, moerangkalih toeloej sasaoeran dina djero wewetengan, ari kasaoeranana: „ama teh kabedil langit, kabentar mega, kalinglap katjida teuing ka pandita Goenoeng Padang, pada hal mah teu boga dosa, geura raoskeun bae, tangtoena ge bakal males, tapi engke dina goeroe poetoe Hjang Bajoe, goeroe poetra Hjang Banga, koe ama geura raoskeun di dinja jen bakal males.”

Enggalna ratoe teh goegah, mariksa bari bengis ka pawarang Naganing Roem, ari pokna: „ai, Njai Naganing Roem, bet bieu aja noe ngomong sapandjang engkang keur koelem, Njai atawa lain?”

Naganing Roem toeloej nangis pedah dipariksa bengis: „adoeh, goesti, abdi njanggakeun bebendoe tikoro abdi gorokeun, djeung soekoe abdi belokeun, abdi mah teu pisan-pisan, soemawonna kaawonan kasaean henteu pisan.”

Geus kitoe, ratoe teh njaoer: „mana kitoe oge Lengser.” Toeloej bae Lengser disaoer: „ai, Lengser, maneh ngomong naon, basa aing eukeur koelem?”

„Doeka, abdi mah teu pisan-pisan.”

Lengser toeloej soesoempahan, pokna: „daek kede ti kentja, djeung daek boetoet boboko, daek oetjoetan sokona, tjinenek daek salamet, kolot bongkok pandjang oemoer.”

Ratoe teh katjida poesing: „ai, Lengser, lampah maneh kawas boedak, kapan maneh teh enggeus kolot, oelah kitoe nja omongan, lamoen soempah masing terang.”

Toeloej Lengser soempah deui, tapi saperti siloka, pokna: „daek boetjitreuk beuteung noe reuneuh meureun.”

Ti dinja kamanah koe ratoe, soempahna Lengser, pek manehna mariksa deui ka Naganing Roem: „ai, Njai, lamoenna kitoe mah, paingan Lengser wani soesoempahan, ajeuna mah noengtik bari njiar boekti, nerka njampak aja mana boektina aja di maneh, geuning boedak ngomong dina djero beuteung, kakara saoemoer hiroep heubeul ngeundeuk-ngeundeuk taneuh, lawas ngendag-ngendag djagat, ajeuna manggih noe kitoe.”

Sanggeus kitoe, ratoe toeloej miwarang ngoempoelkeun parabopati saraoeh djeung toekang noedjoem.

Barang geus koempoel parabopati saraoeh toekang noedjoem, saoer ratoe: „maraneh noe matak disaoer koe oerang, oerang teh rek sembara, tjoba, geura palikiran eta papanggihan aing, aja boedak ngomong dina djero beuteung, hade atawa goreng? Lamoen hade, geura tjaritakeun, soemawonna lamoen goreng.”

Parabopati saraoeh djeung toekang noedjoem kabeh pada saroesah, koe sabab henteu kaharti, ngan aja saoerang mantri, ngaran Mantri anom Banjak Loemanglang, anoe madep ka Sang Praboe ratoe, barina oendjoekan pokna: „perkawis kangdjeng goesti mariksakeun moerangkalih njaoer dina djero patoeangan, eta teh hadening goreng.”

Ratoe toeloej mariksa deui: „eh Mantri, naha kapan hade, kapan goreng, koe oerang hanteu kaharti, naon sababna?”

„Soemoehoen timbalan goesti, mana dibasakeun hade, teroes ratoe pentjar menak, sartana poetra radja, komo teuing oepami parantos babar, meureun baleg perlente paselang bisa bitjara, tjatjakan dina djero wewetengan, sakitoe bisana