Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
112
 

Geus kitoe, toeloej diboeka koe Nini, tatapi teuing koe pageuh kawantoe kanagan disosi.

„Aing mah, Aki, teu bisa moeka sabab ieu teh disosi; tjing, soegan koe Aki bae.”

Pek koe Aki diboeka; barang diboeka di djerona tetela dieusi boedak djeung aja endog hajam sahidji.

„Dala kadalah, Nini, bet Nini noe kabeneran noedjoem teh tetela pisan, ieu teh dieusi boedak.”

„Kadieukeun koe aing rek ditampanan.”

Toeloej koe Aki dibikeun.

„Keun bae endog mah, montong ditjokot, ieu bae boedak.” Bari toeloej koe Nini boedak teh diïlikan, sidik boedak teh lalaki sarta kasep mani tembong tjahajana saoepama boelan bae. Tapi koe Nini ditjeungtjeurikan sabab boedak matak watir awakna pinoeh koe getih.

„Adoeh, Aki, geura ngala tjai keur ieu ngebakkeun boedak.”

„Heug Nini.”

Gantjangna Aki leumpang neangan tjai.

Sabot Aki dangdan, moerangkalih keur dilahoen koe Nini, toeloej boedak teh kokolosodan soekoe boedak nintjak batoe.

Tina oeroet nintjak tea bet bidjil soemoer doea ngarendeng tina djero batoe tea.

„Aki, entong toeloes leumpang, geuning ieu aja tjai; ngadak-ngadak aja soemoer.”

„Soekoer, Nini, eukeur mah aing teh emboeng ngala tjai teh, sangeuk djaoeh, ajeuna bet aja, mana kitoe ge perwatek moerangkalih, ajeuna mah hajoe! oerang mandian.”

Pek bae dimandian koe doeaan silihgenti.

Sanggeusna dimandian koe Aki, toeloej diajoen dina tangkal kopo tea, bari silihgenti Aki reudjeung Nini kakawihan kieu pokna:

„nelengnengkoeng asep,
nelengnengkoeng geura ageung,
oedjang geura ngapoeng,
geura ngapoeng teh ka lebah loehoer,
tingali nagara tea nagara Galih Pakoean.”

„Oelah kitoe, Aki, boedak teh masih keneh diajoen, geus dititah ngapoeng- ngapoeng, palangsiang ari ageung mah ninggalkeun ka oerang.”

„Atoeh pek koe Nini geura ajoen.”

Pek koe Nini diajoen, ari pokna:

„nelengnengkoeng djoeragan, nelengnengkoeng,
geura ageung djoeragan geura djangkoeng,
geura pakajakeun indoeng,
geura kemploeng mapas liwoeng,
tjeplak geura mabakan.”

„Hih, Nini, oelah dikitoe eta moerangkalih lebar, oelah dititah mabakan, aing oge tatjan weleh njieun lemboer.”