Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
120
 

Kodja anggeus didjieunna, pek Aki teh ngomong, pokna: „asep, kodja teh anggeus.”

Tjek moerangkalih: „soekoer, ma Aki, tapi eta kodja teh ngaranna si-dengdek poë, da anggeusna dengdek lohor.”

Ari tjek Aki: „atoeh, soemangga, asep, tapi ajeuna koemaha pikersaeun?”

Tjek moerangkalih: „taja ngan oerang soesoempit.”

Gantjangna bral bae leumpang, Aki reudjeung moerangkalih, diïring koe nini-nini.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun datangna bae kana leuweung anoe lega.

Beh manggih sahidji manoek tjitjing dina loehoer kai, ngaranna teh manoek tjioeng, djeung manggih sahidji sato ngaranna sato wanara, loeloentjatan dina kai.

Pek moerangkalih nanjakeun ka Aki reudjeung ka Nini, ari pokna: „itoe Aki, manoek naon, manoek hideung pinti koneng, reudjeung sato naon loeloentjatan dina kai?”

Tjek Aki: „manoek tjioeng djeung wanara.”

Toeloej moerangkalih nangis, ari pokna: „eh, Aki, manoek teh oelah disoempit reudjeung eta hidji sato, aloes pingaraneun Tjioeng Wanara.”

Tjek Aki djeung Nini: „soekoer, djoeragan hojong kagoengan djenengan mah, Aki mah ngan rek njaksian.”

Moerangkalih nangis deui, ari pokna: „lobana tiloe, noe ti kidoel naonana, noe ti kaler naonana, noe ti tengah naonana, anoe matak aja tiloe indoengna reudjeung bapana noe ti tengah teh anakna. Eh, Aki, geuraheun teuing, manoek tjioeng boga indoeng boga bapa, ari koering saha nja iboe nja rama?”

Tjek Aki: „djoeragan, geura dangoekeun, ari toeang iboe tea noe kaseboet Naganing Roem, ari rama ratoe di Galih Pakoean.”

Saoer Tjioeng Wanara: „soekoer pisan, Aki, ajeuna mah oerang balik heula bae ka boemi, ka Geger soenten.”

Gantjangna bral bae moelih.

Teu kotjap di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Barang datang Tjioeng Wanara amitan ka Aki reudjeung ka Nini, rek angkat ka Goenoeng Padang neang hajam. Malahan geus toeloej bae datangna ka Goenoeng Padang, kasampak naga teh aja noe njileungleuman endog tea.

Toeloej bae dideuheusan bari oendjoekan sakali ari pokna moerangkalih: „Naga, koering amit doemeuheus wireh ing koering bareto mihape endog, ajeuna koemaha, geus megar atawa tatjan?”

Koe Naga geuat ditembongkeun; malah geus djadi hajam boeloena teh poetih koening radjeg wesi, top bae ditjandak, bari toeloej bae moelih ka babakan Geger soenten.

Henteu kotjap di djalanna.

Geus dongkap ka Geger soenten, geus katingali koe Aki reudjeung koe Nini samalah toeloej ditaros pokna Aki: „djoeragan katoeran soemping sarta njandak hajam djago?”

Saoer Tjioeng Wanara: „enja, Aki, koering datang, samalah ieu mihape hajam koering pangomekeun.”