Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/166

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
130
 

Geus katampa koe poetra noe doea sakabeh geus didjenengkeun.

Saoer ratoe: „ajeuna oerang maroelang, geus poetoes masamoan."

Gantjangna baroedal bae tina tempat ngadoe hajam, masing-masing ka imahna. Ratoe Galoeh ajeuna djadi merdika, sabab dimerdikakeun koe poetrana tea, nja eta Tjioeng Wanara djeung Aria Banga, anoe kotjap di nagara djadi ratoe.

Lila-lila Tjioeng Wanara ngamanah, toeloej bae njaoer Lengser, pokna: „adoeh, oea, geura ka dieu dioek sapangloenggoehan, koering arek sasaoeran, eling kana saoer ama, waktoe oerang ngadoe hajam, saoer ama teh ngawaris nagara sabeulah koelon saraoeh eusina pisan, tapi eta lain waris, dipikir koe koering, kapan toempang ngadoe hajam."

Lengser toeloej seuseurian, pokna: „doeh, ngeran, tetela pisan eta lain ngawaris, kawas-kawas pangoloan."

Saoerna Tjioeng Wanara: „tetela, oea, pangoloan, tapi ajeuna oerang angken waris bae, koedoe bisa mindingan risina ratoe, njingkahan kaera radja. Engkena mah, koering geus tangtoe majar hoetang:

hoetang rasa majar rasa,
hoetang wirang majar wirang,
oeroet koering dinjenjeri,
asal koering dipalidkeun,
ka Tji-tandoej diboeangkeun,
diwadahan koe kanagan."

Engke, koering hajang majar koe pandjara beusi."

Tjek Lengser: „doeh, goesti, pikir oea leuih tjotjog, geus hajang, geura pek bae ngadamel pandjara beusi, isoekan kari goeroeboeg."

Saoer ratoe: „mo sae oea, da lain sato hewan, lain kidang, lain mandjangan, koedoe tjaina herang laoekna beunang, kapan kitoe loembrahna omongan sepah."

„Soemoehoen timbalan goesti, tapi oea ajeuna awon pinaros, samemeh ngadamel pandjara beusi, djoeragan rek ngadamel naon heula?"

Tjeuk Tjioeng Wanara: „hajang tepoeng heula djeung iboe noe ngaran Naganing Roem; ajeuna di mana ajana?"

Soemoehoen pariksa goesti, perkawis iboe gamparan ajana di patapaan, baheula noeroetkeun pepeling abdi. sina tatapa di patamanan."

„Tjik, oea, geura teang, sarta koedoe kabawa ka dieu."

„Soemangga, goesti, ajeuna abdi teh amit."

Gantjang Lengser teh loempat ngadjoegdjoeg ka patapaan:

mipir pasir mapaj lebak,
mengkolna dina bobodjong,
njorang leuweung sakeukeudeung,
warna-warna kai leuweung,
anoe kasorang koe Lengser,
hoeroe dapoeng djeung kitjaloeng,
hoeroe meuting djeung kikoneng,
tjarelang djeung handap heulang,
kitapok reudjeung kimeong,