Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
140
 

„Lebok poeas ngeunah sorangan, taja batoerna dina leuweung loeang liwoeng?”

Lengser tjatjap hatoeran: „tas nganteurkeun Poerba sari, tas ngaboeang Poerba sari.”

Si-lengser ngeplanan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

Tjatoerkeun di pipir goenoeng.

Poerba sari tjalik dina paloepoeh sabebek, dina hateup sadjadjalon:

ngagedengkeun sanghjang kintjir,
kapenit kakoerilingkeun,
wajahna da keur gawena,
soegan tjitjing lalaoenan;
ngagedengkeun sanghjang seëng,
kabarangsang kapanasan,
sangkilang ditatangankeun,
wajahna da keur gawena,
soegan tiïs lalaoenan.

Poerba sari keur ngeureunan, meudjeuhna palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

V.

Neda agoeng nja paraloen,

neda pandjang pangampoera.

Tjatoerkeun ratoe di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Goeroe Minda Kahjangan, anak dewata, tjikalna titisan Goeroe Hjang Toenggal, seuweu batara di langit, ngaboedjang di paradewata, kasep taja papadanna, keur meudjeuhna tegoeh tjangtjoet.

Toeloej ngimpi kagoengan bebene saroepa djeung Soenan amboe; ngalingling ngadeuleu maling.

„Oelah goreng tingkah ka pangasoeh, pamali batan maling, haram batan djinah; geura boro pidjodoeun, aja noe saroepa djeung amboe di boeana pantjatengah.”

„Oelah oedjoeg-oedjoeg ka dinja, ieu anggo raksoekan heula dina sanghjang mega hideung, pendok emas rekakeun bakal ing boentoet, emas doea penggel tapelkeun di loearna.”